Simbol HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 Sidik, wadah lemareunna téh nu pérak dilakop emas téa. Ngan tampolongna mah kuningan. 2. GT-02:202 Batu sulaéman, jamrut héjo, angkik beureum Batu sulaéman, jamrut héjo, jeung angkik beureum mangrupa simbol pamor dina rupa-rupa batu ali sarta miboga ajén anu luhung pikeun anu makéna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. … panitih rantay tina batu sulaéman anu semu-semu bodas jeung liontin tina jamrut héjo … sanggulna mah teu lésot tina tusuk sanggul batu sulaéman jeung angkik beureum. 3. GT-02:218 Nyai Dewi Sri Simbol karaharjaan anu dipercaya ku masarakat sunda. Jadi lamun nutu bari heureuy, matak pamali teu ngajénan ka Dewi Sri. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Témpo nutu, nutu nu bener, teu meunang bari heureuy tutunggulan sagal, pamali Matak pundung Nyai Déwi Sri ceuk kolot mah 4. GT-02:282 Perhiasan Simbol status sosial, di masarakat aya anggapan yén beuki loba perhiasan atawa rarangkénna, beuki luhur status ékonomina. Dina ieu kontéks, perhiasan lain saukur ngagambarkeun status sosial, tapi mangrupa simbol tina éndahna sikep jeung paripolah hiji jalma dina kahirupanna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Paingan Nini mah pantes waé nganggo perhiasan kitu kieu minuhan salira ogé, da kakayaanna téh bener-bener dalit jeung pribadi katut jiwana. 5. GT-02:283 Imah Imah magrupa simbol tina perlindungan jeung katengtreman. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 Paingan imah téh ku matak pikabetaheun, cacak ukur imah basajan mah.

4.2.2.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya a. Ajén Sosial

Pikeun maluruh ajén sosial anu aya dina carpon GT-02, bisa katitén tina tabél data ieu di handap. Tabél 4.11 Analisis Ajén Sosial GT-02 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. GT-02:174 Kaéndahan visual pakarangan  2. GT-02:183 Ngabagéakeun sémah  3. GT-02:184 Munjungan ka kolot  4. GT-02:189 Diuk mando  5. GT-02:1810 Leungeun kénca neken beuteung  6. GT-02:202 Perhiasan  7. GT-02:214 Kawajiban pamajikan  8. GT-02:224 Lalamakan warna- warni nu diraweuykeun dina tungtung halu  9. GT-02:231 Parawan teu ulin sambarangan  10. GT-02:262 Kasarakahan  11. GT-02:274 Katengtreman ibadah  12. GT-02:276 Tarékah nulungan sasama  No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 13. GT-02:241 Nyémah  14. GT-02:242 Narima sémah  15. GT-02:279 Mulyana haté, hayang ngaku baraya  Dumasar kana tabél ajén sosial di luhur, ieu carpon miboga tilu ajén bebeneran, tilu ajén kaéndahan, dalapan ajén moral, jeung hiji ajén kaagamaan. 1 Ajén Bebeneran Ajén bebeneran anu nyangkaruk dina ieu carpon nya éta GT- 02:189, GT-02:1810, jeung GT-02:214 anu dianggap bener ku masarakat Sunda dina jamanna mangsa palaku Nini masih kénéh ngora. Pikeun individu anu mungpang tina éta pakem, bakal dianggap teu sopan teu nyaho étika atawa salah luyu jeung kasapukan kelompok masarakat. 2 Ajén Kaéndahan Ajén kaéndahan anu aya dina ieu carpon nya éta GT-02:174, anu mangrupa déskripsi pakarangan anu digambarkeun sacara visual kalawan éndah. Kaéndahan GT-02:202 mangrupa rarangkén anu dipaké ku Nini, disebut miboga ajén kaéndahan duméh upama éta rarangkén dipaké ku manéhna éstu nyurup jeung kapribadianna. Konsép éndah dina ieu kontéks bisa disebut lega lantaran matalikeun antara kaéndahan duniawi jeung kaéndahan rohani. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Paingan Nini mah pantes baé nganggo perhiasan kitu kieu minuhan salira ogé, da kakayaanana téh dalit jeung pribadi katut jijiwaanana. Perhiasan téh keur anjeunna mah lain saukur mangrupa rarangkén …” Kaéndahan GT-02:224 patali jeung réspon alami hiji jalma kana pulas anu rupa-rupa. Dina ieu carita rupa-rupa pulas anu dipikaresep ku hiji jalma diaplikasikeun dina lalamakan anu diraweuykeun dina tungtung halu. 3 Ajén Kaagamaan Ajén kaagamaan GT-02:274 mangrupa ajén dasar anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca, yén upama hiji jalma dina hirupna loba bangbaluh atawa karerepet, dina ibadah gé moal jongjon. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Kana ibadahna ogé moal tiasaeun jongjon ari salamina diudag-udag baé ku karerepet mah. 274

b. Ajén Budaya

Ajén budaya anu aya dina carpon GT-02, bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.12 Analisis Ajén Budaya GT-02 No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. GT-02:183 Ngabagéakeun sémah  2. GT-02:185 Dipan  3. GT-02:186 Lampit  4. GT-02:191 Amparan  5. GT-02:197 Ngaku baraya  6. GT-02:202 Perhiasan  7. GT-02:205 Niat meuli cincin  8. GT-02:214 Tanggung jawab istri  9. GT-02:218 Ulin babarengan  10. GT-02:218 Tutunggulan  11. GT-02:225 Aya nu bogoheun  12. GT-02:2211 Ngagondang  13. GT-02:233 Kawin kumaha kolot  No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan