“Aki Sasmita” SKKS-01 Ajén Budaya

nagara keur kapentingan balarea,lain kapentingan golongan. Tapi nu kajadian pangusaha jeung wakil rahayat ngan sakur ngabibita, méré jangji-jangji teu dibarengan ku bukti. Antukna rahayat leutik mingkin sangsara.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar runtuyan waktu ieu carpon kaasup kana galur mundur flash back, nya eta galur anu dimimitian tina mangsa kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Aki Sasmita anu peuting harita keur ngalamun, dina lamunana pinuh ku rupa-rupa carita nu geus kalarung. Carita dimimitian ku gambaran palaku Aki Sasmita nu hayang geura nyaho kumaha kaputusan ngeunaan tanah anu keur jadi pacengkadan. Galur bras kana sabab musabab tanah rahayat rek dibeuli ku pangusaha ti kota. Carita maju kana perjoangan rahayat anu hakna can dilunasan, nepika ahirna bras deui ka peuting ayeuna nu bakal dipatotoskeun kumaha hasilna. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katiten saperti di handap. D1 mangrupa mangsa peuting ayeuna basa Aki Sasmita ngalamun. A, B jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian- kajadian nu kaalaman ku Aki Sasmita saméméh jeung sanggeus datangna pangusaha ti kota. D2 mangrupa waktu perjoangan rahayat nungtut hakna ka pangusaha jeung wakil rahayat.E mangrupa ahir carita nu ngagambarkeun kuciwana Aki Sasmita kana hasil kaputusan nu kudu ditarima. D1 ----------- A ----------- B ----------- C ---------- D2 ----------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diebrehkeun ku cara nembongkeun saurang palaku Aki Sasmita anu ngalaman rupa-rupa pasualan hirup ti mangsa ka mangsa. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kriteria kepadatana, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diebrehkeun ku palaku utamana sacara langsung. Kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan nu dalit jeung inti carita. Palaku Aki Sasmita nu ngimpleng ka tukang kana kajadian saméméh jeung sanggeus datangna pangusaha ti kota, perjoangan rahayat nu nungtut hakna ka pangusaha, jeung hasil kaputusan nu matak nguciwakeun keur Aki Sasmita ogé rahayat mangrupa kajadian anu raket patalina. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita nu karandapan ku palaku utama Aki Sasmita. Kajadian-kajadian nu tumiba ka Aki Sasmita ti mimiti ngimpleng ka mangsa kamari nepika mangsa kiwari diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon SKKS-01, aya 14 urang nya eta Aki Sasmita SKKS- 01:91, pamajikan Aki Sasmita SKKS-01:92, barudak ngora SKKS- 01:94, Samudi SKKS-01:101, Insinyur Pertanian SKKS-01:111, Pak Kuwu SKKS-01:112, Jang Karsa SKKS-01:114, Pa Endang Udin SKKS-01:114, pamajikan Endang SKKS-01:116, indung jang Karsa SKKS-01:121, wakil rahayat SKKS-01:121, wakil pangusahaSKKS- 01:134, Jang Kadar SKKS-01:158, jeung buta héjo SKKS-01:122. Dalapan urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana lima urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.