Indéks Simbol HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 3. GT-17:20410 Sial teu mandi Réngkak paripolah Sial lantaran teu mandi mangrupa indéksikal tina ayana kajadian anu tumiba ka hiji jalma lantaran teu ngalaksanakeun kabiasaan anu samistina dilakukeun.

c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-17 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.94 Analisis Unsur Simbol GT-17 No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 1. GT-17:19816 Lalaki Simbol jalma gedé kawani jeung mandiri, anu sakuduna teu borangan atawa sieunan. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Da borangan pisan Si Éta mah lalaki- lalaki .

4.2.17.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya a. Ajén Sosial

Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun tujuh ajén sosial. Tabél 4.95 Data Ajén Sosial GT-17 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. GT-17:20213 Silaturahmi  2. GT-17:2056 Teu tanggung jawab  3. GT-17:2062 Maok banda nu kolot sorangan   Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung ajén bebeneran jeung ajén kaagamaan. 1 Ajén Bebeneran Tina data GT-17:2062, katitén aya pasualan anu diébréhkeun ku pangarang ngeunaan hubungan antara dibenerkeun atawa henteu upama maok barang atawa naon waé anu milik kolot sorangan. Naon waé alesanna, anu ngaranna mawa atawa ngadahar hiji hal salian ti milik sorangan kalawan teu bébéja heula, teu bisa disebut bener. 2 Ajén Moral Dina data GT-17:2056 némbongkeun ayana ajén moral anu goréng ngeunaan sikep palaku Idon jeung ababturanna anu teu tanggung jawab sanggeus maok lauk anu bapana Oyon. Data GT-17:20213 ngébréhkeun ayana niat hadé silaturahmi para pamuda anu boga paniatan rék ngobor ka Karno anu geus tilu taun gawé di Jakarta.

b. Ajén Budaya

Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya tujuh ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda. Tabél 4.96 Data Ajén Budaya GT-17