“Nyiram” GT-12 Ajén Budaya

jeung kadaharan dununganna teu weléh getén jeung sabar nyanghareupanna. Unang ngaraskeun kana kahayang pamajikan, teu aral komo mungpang kahayangna, anu kadada kaduga ku manéhna mah teu weléh dicumponan.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-12 kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku gambaran kaayaan palaku Anih jeung Néng Marti anu sarua keur nyiram A. Anih anu gawé di imah Néng Marti teu weléh kabita ku nu dipikahayang ku Néng Marti B. Unggal balik ti imah Néng Marti, Anih geus pasti ngurihit ka salakina hayang dipangmeulikeun anu saperti Néng Marti C. Unang, salakina Anih teu weléh merhatikeun kahayang pamajikanna D. Carita dipungkas ku kasieun Anih ka Unang, Anih sieun Unang kawin deui siga salaki Néng Marti, harita mah Anih kalah ceurik teu kabitaeun, rumasa sok ngabanding-banding salakina jeung salaki Néng Marti E. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Anih anu sagala kabita ku kadaharan jeung barang-barag anu dibeuli ku dununganana. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Néng Marti anu diogo jeung diperhatikeun sagala kahayangna, ujug-ujug kacaritakeun yén salakina rék kawin deui.Tapi, ieu kajadian miboga hubungan anu dalit jeung kabiasan Anih anu sok ngabanding- banding salakina jeung salaki Néng Marti. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta Anih. Palaku Anih dirojong ku palaku Unang salaku salakina. Konflik ditémbongkeun ku palaku Néng Marti anu salakina rék kawin deui. 2 Palaku Dina carpon GT-03, aya lima urang palaku, nya éta Anih GT- 12:1512, Néng Marti GT-12:1512, salaki Néng Marti GT-12:1513, Unang GT-12:1521, jeung Mang Soma GT-12:1528. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Anih mangrupa palaku utama. Sedengkeun lima palaku lianna nya éta Néng Marti GT-12:1512, salaki Néng Marti GT-12:1513, UnangGT-12:1521, jeung Mang Soma GT- 12:1528 kaasup kana palaku tambahan. b Dumasar Penampilan Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Anih GT-12:1512, Néng Marti GT-12:1512, Unang GT-12:1521, jeung Mang Soma GT-12:1528. Sedengkeun anu