“Angin Sawah” GT-04 Ajén Budaya

mikahayangna teu diperhatikeun sanajan kanyaahna geus katarima ku manéhna jeung kolotna. Ahirna ieu wanoja milih lalaki anu mikanyaah manéhnana, sabab lalaki anu dipikanyaah ku manéhna malah salingkuh. Téma saperti kieu mangrupa téma basajan anu ilahar kapanggih dina karya-karya sastra lianna. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan dina konsép rasa cinta sapasang manusa. “Emh, resep nya, kang Otang mah bageur Sagala ngabantu ka pimitohaeun téh” 375 “Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya onjoyna ti Kang Otang… 383 Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol- embol gé… 398 … Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan Acih téh lain jijieunan… 413 … Daun paré tingkérésék, kararas patingkorosak, tangkal jagong tingarulang, kawas nu ngabagéakeun ka waruga nu kungsi midua haté. 437 Téma cinta karasa tina sawatara cutatan di luhur, anu ngébréhkeun ayana panyangka, rasa timburu, jeung haté anu paheut kana kaputusanna. Nu maca ogé diajak nyindekkeun yén teu salawasna anu leuwih onjoy téh anu panghadéna.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-04 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Ilah di dapur A. Basa aya Acih datang, maranéhna ngawangkongkeun perkara Otang jeung Alan, dua jajaka anu ngadeukeutan Ilah. Salila ngawangkong, lamunan Ilah pulang-anting ka Alan jeung Otang, ieu mangrupa téhnik flash back D1. Palaku Acih miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari B, upama Ilah anteng teuing ngalamun. Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku D2. Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari C, tuluy dipungkas ku Ilah anu nangtukeun pilihan haténa ka Otang E. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun paniténnu maca kana eusi carpon.Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku Illah. Dina konflik ogé mangrupa konflik batin anu kaalaman ku Ilah salaku palaku utama. Nu maca diajak nuturkeunkajadian-kajadian anu kaalaman ku palaku nepi ka ahir carita. c Dumasar Kritéria Kepadatan Carpon GT-04 kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria kepadatan na. Lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian-kajadian anu aya hubunganna antara Ilah, Alan, jeung Otang. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta Ilah. Sanajan aya palaku séjén nya éta Alan jeung Otang, tapi