“Gurat-gurat Dampal Leungeun” GT-15

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-15 ngagunakeun g alur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku gambaran situasi Ine anu keur maca buku bari ngalamun, ngalamunan kaayaan manéhna anu can ditepungkeun jeung jodona. Tuluy Ati ngajak sangkan Ine daék diramal ku Si India A. Lantaran kasigeung pédah jodona disebut poék, Ine lumpat ngerem manéh. Salila di jero kamar, pikiranna ngwangwang mangsa-mangsa anu geus kaliwat patali jeung ramalan ngeunaan jodo D1. Ati rumasa geus ngabalukarkeun bibina nyeri haté, gegedor kana panto bari ngolo, tapi ku Ine teu dibuka B. Ine kalah beuki anteng ngumbar lamunan basa Indung jeung bapana narékahan ngubaran manéhna ka dukun-dukun kapung D2. Ati anu masih kénéh nungguan di luareun kamar nyebutkeun yén Si India téh ngabohong, da sabenerna mah lain saperti tadi cenah C. Ineu teu miroséa, kalah ningali buku Palmistry dina rak. manéhna yakin yén Allah geus nangtukeun nasib pada-pada jalma, upama aya jalma anu nyanyahoanan miheulaan jalan Alloh, tangtu lain kaaasup jalma anu yakin kana takdir Gusti E. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Ine anu panggih jeung rupa-rupa tukang norah, ti mimiti di Pakistan, Paris, Yogya, nepi ka di imahna sorangan. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Ine anu ditorah goréng waé ngeunaan jodo, ngabanding-bandingkeun sababaraha cara norah para palmist anu maca gurat dampal leungeun, tétéla hasilna sarua. Ieu al dalit hubunganna jeung ayana buku Palmistry di Paris minangka sumber élmu norah ngaliwatan dampal leungeun. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Ine. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Ine salila sababaraha taun ti mimiti ditorah di Pakistan, Paris, Yogya, nepi ka di imahna sorangan diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon GT-15, aya 12 urang palaku, nya éta Ati GT-15:1742, Iné GT-15:1753, Emod GT-15:1755, Om Iskandar GT-15:1757, Palmist GT-15:1812, ahli magic GT-15:1818, Ema GT-15:18110, Bapa GT-15:18110, ahli kabatinan GT-15:18110, jeung dukun GT-15:1821. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Ine mangrupa palaku utama. Ati,Emod,Palmist, Ema, Bapa,ahli kabatinan, jeungdukun mangrupa palaku anu méré pangrojong kana lumangsungna eusi carita. Sedengkeun Om Iskandar saukur disebut sakali ku palaku Ati, anu nuduhkeun yén Emod atawa Si India keur aya di imah Om Iskandar.