Data Carpon Déskripsi Data

Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca. Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.

4.1.2 Sinopsis

Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon. 1 “Emang jeung Alo” GT-01 Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun. Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng, ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan. Éta pamadegan dilelempeng ku Ki Ahmad anu harita kabeneran keur aya di imah emangna. Ki Ahmad méré kamandang yén kapinteran budak téh tara angger, da aya hukum perkembangan. Tuluy, perkara guru jaman ayeuna anu dianggap bodo lantaran teu butak ku emang Ki Ahmad, Ki Ahmad kur mairan bari heureuy. Ki Ahmad anu geregeteun kana pamadegan emangna méré patalékan yén naha budakna maké disakolakeun lamun teu percaya ka guruna mah. Jawabna téh pajar tamba gandéng di imah, da ngajar maca jeung ngitung mah mangrupa pagawéan énténg. Prak manéhna metakeun cara ngitung ka si Husén. Si Husén dibéré soal sina ngitung 8 x 17, lamun bisa ngajawab cenah rék dipangmeulikeun karéta mesin balap. Tapi, batan bener ngajawab Husén kalah ceurik lantaran disentakan jeung dicarékan. Ningali peta emangna anu modél kitu, Ki Ahmad méré deui kamandang yén jadi guru téh teu énténg saperti anu aya dina pikiranna. Najan bari nyentak ka Ki Ahmad ogé, emang Ki Ahmad éléh déét rumasa manéhna lain guru jeung rumasa ogé yén pagawéan guru anu ngajar murid nu jumlahna puluhan téh henteu gampang. 2 “Nu Beunghar” GT-02 Ieu carita dimimitian palaku Kuring jeung salakina anu nyémah ka imahna Nini nini ti gigir. Ieu Nini digambarkeun kacida beungharna, tapi lantaran geus boseneun cicing di gedong sigrong jeung sagala dicukupkeun ku kaméwahan, manéhna nyaung-nyaung di luar kota. Ti mimiti gék diuk di éta imah, loba pisan hal-hal anu ditepikeun ku Nini ka ieu salaki pamajikan. Ti mimiti élmu ngeunaan étika dahar, cara diuk, nepi ka élmu ngeunaan perhiasan. Salila anu tiluan ieu ngawangkong, sok diselang heula ku si Nyai atawa indungna anu pareng mawa amparan atawa suguhkeuneun. Tina hasil wangkonganna, tétéla Nini boga maksud séjén salian ti geus bosen cicing di gedong téh. Manéhna leuwih milih cicing di imah panggung di pasisian lantaran sangkan leuwih loba ngaku baraya. Ceuk pikiran Nini, ari cicing di imah panggung mah baraya anu teu baroga téh mindeng datang keur silaturahmi. Béda jeung mangsa cicing di gedong, baraya-baraya anu teu baroga téh tara daraékeun unggah duméh sérab mantén ku imah. Jadi, sanajan cicing di imah panggung bari jauh ti kota, anu nyémah mah tara saat. Ti