Ikon HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. 1 2 3 4 5 6 7 hideung. Dina ieu kontéks bisa katitén tina cutatan ieu dihandap. “Ka dieu Négro, déwék penc étan” Katerangan: Img. : ikon imagis citra Mfr. : ikon métaforis Dgm. : ikon diagramatis

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-01 aya anu mangrupa indéks gejala fisik, aktualisasi, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.3 Analisis Unsur Indéks GT-01 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 1. GT-01:114 Pikanyerieun Gejala fisik Pikanyerieun mangrupa tanda indéks tina ayana hiji hal anu ngabalukarkeun rasa nyeri. Dina ieu kontéks, rasa nyeri anu karandapan balukar tina omongan emangna Ki Ahmad anu matak pikanyerieun haté. Cutatanna bisa katitén ieu di handap. … tapi ari matak nyungkelit mah angger wé pikanyerieun . 2. GT-01:122 Sawo tutung Gejala fisik Sawo tutung mangrupa indéks tina kaayaan kulit awak fisik anu pulasna hideung. Ieu katitén tina cutatan di handap: No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 … ka alona nu kulitna rada- rada sawo tutung. 3. GT-01:123 Si Beuki Méwék Aktualisasi Si Beuki Méwék mangrupa indéks tina jalma anu henteu disebutkeun ngaranna lantaran miboga kabiasaan ceurik, jadi dilandih sesebutanna. Ieu hal bisa katitén tina cutatan ieu di handap. Calukan Si Beuki Méwék, sugan moal jebléh ari dibéré soklat mah. 4. GT-01:134 Butak Gejala fisik Butak mangrupa tanda indéks tina kontéks pamahaman yén sirah anu butak nandakeun jelema anu pinter. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Ieuh, guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter. 5. GT-01:137 Beungeut bareureum Gejala fisik Beungeut bareureum mangrupa tanda indéks tina rasa ambek jeung éra anu karandapan ku hiji jalma sacara biologis. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum , haténa mimiti panas. 6. GT-01:144 Panas Zat Panas mangrupa tanda indéks tina situasi rasa ambek anu karandapan hiji jalma, karasa ku haté sarta teu bisa disaruakeun jeung panas dina harti sacara fisik. Ieu hal bisa katitén dina