“Kiplik-kiplik” GT-08 Ajén Budaya

Konsép cinta indung ka anak katitén dina cutatan paguneman antara lanceukna Nina jeung indungna. “Tétéh gé panggeulisna sareng pangpinterna di sadunya, nuju saageung Nina mah,” “Ari ayeuna?” “Ayeuna sok rada bangor. Sok nyumputkeun bonéka Néng Tari jadi wéh henteu panggeulisma di sadunya. Upami bageur deui mah, janten panggeulisna deui di sadunya.” 1019 Tina cutatan paguneman di luhur, katitén cara hiji indung ngatik jeung mikanyaah anakna kalawan ngagunakeun cara anu diluyukeun jeung umur anakna.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-08 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku gambaran kaayaan Nina di anu keur gering panas A. Salila ngararasakeun panasna awak, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa masih kénéh cicing jeung indungna. Ieu mangrupa téhnik flash back D1. Basa Nina ngarasa kacida hanaang jeung biwirna pareurih, miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari B. Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku D2. Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari C, tuluy dipungkas ku teu kuatna Nina nandangan sono jeung gering nepi ka antukna maot E. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan hirup ti mangsa ka mangsa. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang.. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Nina anu dibawa cicing jeung indung téré lantaran indung jeung bapana papisah, ngarasa kasiksa batinna. Nina anu sono pisan ka indungna, goréngna sikep indung téré nepi ka robahna perhatian bapana mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina dina ieu eusi carita. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Nina. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Nina salila masih cicing jeung indungna nepi ka cicing jeung indung téréna diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon GT-08, aya 13 urang palaku, nya éta apa GT-08:992, Nina GT-08:992, mamah GT-08:994, mamih GT-08:994, Aa GT- 08:1004, Tétéh GT-08:1004, Néng Tari GT-08:10111, tukang sate GT- 08:1021, Pa Haji Yakub GT-08:10213, bibi GT-08:1037, nini GT- 08:1056, dokter GT-08:1042, jeung babu GT-08:1064. Genep urang