Ikon Indéks HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan Img. Dgm. Mfr. 1 2 3 4 5 6 7 Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Paribasa tatéh, lah mani geus kacipta, atawa lah mani geus asa dina biwir.

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-12 aya anu mangrupa indéks gejala fisik, aktualisasi, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap. Tabél 4.64 Analisis Unsur Indéks GT-12 No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan 1 2 3 4 5 1. GT-12:1523 Garo-garo teu ateul Réngkak paripolah Polah anu gagaro tapi teu ngarasa ateul mangrupa tanda yén aya rasa kagugu, bigung, jeung jéngkél anu karandapan ku hiji jalma. Dina ieu kontéks, Unang anu ngarasa bingung lantaran Anih hayang anggur ti Bandung. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Unang seuri bari garo-garo teu ateul . Taeun nyaah ka pamajikan, ari taeun maenya kudu ngaluangkeun gawé mah, indit ka Bandung wungkul rék meuli anggur. No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan 1 2 3 4 5 2. GT-12:1542 ulah pungka- pungku Réngkak paripolah Unang anu nanya ka Anih ngeunaan pagaéanna naha ngakutan barang nu beurat atawa henteu, mangrupa indéksikal tina kaayaan awéwé anu keur kakandungan teu meunang ngangka anu bareurat lantaran bahaya keur anu dikandungna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. “Ké, ké, ari Anih teu milu pungka-pangku ?” Unang hariwangeun. 3. GT-12:1513 Dagdag- dégdég Réngkak paripolah Dina ieu kontéks, salaki anu dagdag-dégdég ka pamajikan nu nandakeun kanyaah anu diébréhkeun ngaliwatan perhatian jeung leuwih diogo. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. “Kang, geuning carogé Néng Marti gé sakitu bélana, sakitu dagdag-dégdégna, komo Néng Marti rék kagungan putra mah…” 4. GT-12:1563 Ceurik Réngkak paripolah Anih anu kasampak ku Unang pasemonna teu biasa, basa ditanya kalah ceurik. Ceurik Anih mangrupa tanda tina ayana rasa karunya ka Marni lantaran salakina kawin deui jeung lantaran ngarasa sieun Unang rék ngalakukeun hal anu sarua. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. … kalah hing ceurik. No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan 1 2 3 4 5 5. GT-12:1559 Ngaheruk Réngkak paripolah Ngaheruk dina ieu kontéks mangrupa tanda ayana rasa katugenah lantaran hiji masalah anu kaalaman ku Anih. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Tapi dina hiji poé, datang ti bumi Néng Marti téh Anih ngaheruk …

c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-01 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.65 Analisis Unsur Simbol GT-12 No. Kode Data Réferent Katerangan 1 2 3 4 1. GT-12:1515 Berlian Simbol kaméwahan jeung kabeungharan lantaran harga berlian anu mahal. 2. GT-12:1515 Mobil Simbol tina harga barang anu mahal, nepi ka dijadikeun perbandingan ku Anih kana paméntana.

4.2.12.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-12 a. Ajén Sosial

Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun tujuh ajén sosial. Tabél 4.66 Data Ajén Sosial GT-12 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. GT-12:1511 Nu nyiram sok loba pamentana  2. GT-12:1532 Gawé keur bekel orokan  3. GT-12:1541 Meuli parabot imah  4. GT-12:1514 Salaki nyaah ka pamajikan  5. GT-12:1569 Nyandung  Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung ajén bebeneran, hiji ajén kaéndahan, hiji ajén moral, jeung hiji ajén kaagamaan. 1 Ajén Bebeneran Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data GT-12:1511, nya éta ngeunaan anu keur nyiram sok loba paméntana. Nilik kana kaayaanna, anu nyiram sok mindeng nyipta-nyipta dahareun anu pikabitaeun, sabab nu nyiram ilaharna sok ngarasa sebel upama barang dahar. 2 Ajén Kaéndahan Data GT-12:1541 ngébréhkeun ajén kaéndahan, lantaran dibeulina parabot anyar lain keur kabutuhan primer, tapi keur mapaés kaayaan di jero imah. Hartina, ieu parabot miboga fungsi keur hiasan atawa pajangan. Lantaran kitu, palaku Néng Marti anu meuli ieu parabot ngarti kana ayana ajén kaéndahan. 3 Ajén Moral Data GT-12:1532 ngébréhkeun ajén moral perkara tanggung jawab salaki ka pamajikan, anu néangan kipayah keur waragad ngalahirkeun. Data GT-12:1569 ngébréhkeun salaki Néng Marti anu