Simbol Ajén Sosial

Tabél 4.4 Analisis Unsur Simbol GT-01 No. Kode Data Réferent Interprétasi 1 2 3 4 1. GT-01:116 Monyét Monyét mangrupa simbol tina sato anu sok mindeng teu daék cicing. Dina ieu kontéks, monyét dilarapkeun ka barudak anu keur saleuseurian. Monyét ogé jadi simbol kaambek hiji jalma, saperti anu katitén tina cutatan ieu di handap. Montong calecengiran, monyét 2. GT-01:125 Béntang Béntang mangrupa simbol tina jabatan atau kalungguhan palaku dina tataran militér. Ieu katitén tina cutatan di handap. … tapi ari rét kana béntang nu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad, kulahék baé…

4.2.1.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-01

Kaayaan sosial dina hiji kelompok masarakat gumantung kana prosés sosialna. Ieu hal bisa katitén tina ayana hubungan antarindividu dina hiji kelompok sosial.

a. Ajén Sosial

Pikeun maluruh ajén sosial anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa katitén tina tabél data ieu di handap. Tabél 4.5 Data Ajén Sosial GT-01 No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. GT-01:133 Kapinteran budak  2. GT-01:134 Guru sok asa bener  No. Kode Data Data Ajén Sosial Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 3. GT-01:132 Guru euweuh kanyaho  4. GT-01:136 Teu percaya ka guru  Katerangan: Bnr. : Ajén Bebeneran Mrl. : Ajén Moral Énd. : Ajén Kaéndahan Agm. : Ajén Kaagamaan Dumasar kana data tabél 4.5 di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung ajén sosial bebeneran jeung tilu ajén sosial moral. 1 Ajén Bebeneran Data GT-01:133 ngébréhkeun ayana konsép ngeunaan kapinteran budaksiswa di sakola dumasar kana sawangan saurang guru. Ieu data kapanggih dina cutatan ieu di handap. “Atuda mang, kapinteran budak téh tara angger. Aya mangsana ti nu itu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya hukum perkembangan.” Palaku nyoba maluruh ngeunaan konsép bebeneran ngeunaan ayana hukum perkembangan di dunya atikan. Bisa ogé ditétélakeun yén ayana palaku Ki Ahmad miboga kalungguhan pikeun ngabenerkeun cara mikir palaku emang Ki Ahmad ngeunaan kamampuh siswa, anu ku manéhna dianggap bodo. Pertélaan dina cutatan di luhur ogé ngébréhkeun yén lain sagemblengna salah budak upama peunteun ngitung dina raportna turun. 2 Ajén Moral Data séjén anu patali jeung data saméméhna nya éta GT-01:134 jeung GT-01:132. Ieu dua data miboga hubungan dina hal konsép pamikiran emang Ki Ahmad, yén budaksiswa bodo lantaran guruna sok asa bener jeung euweuh kanyaho kana soal ngatik barudak. Éta hal ngabalukarkeun ayana rasa teu percaya ka guru GT-01:136. Sacara sosial, ieu tilu ajén asup kana katégori ajén moral. Pangna kitu, ieu hal nyindekel kana unsur kahayang hiji jalma emang Ki Ahmad, utamana kana kalakuan jalma guru anu dianggap goréng. Lantaran aya persépsi saperti kitu ti palaku, nu maca bisa ningali konsép séjén anu leuwih réalitas rék ditepikeun ku pangarang ngeunaan moral hiji jalma anu salawasna diajén jeung diperhatikeun ku jalma séjén, kaasup nu maca bisa ngajén palaku emang Ki Ahmad jeung Ki Ahmad ngaliwatan interprétasina séwang-séwang. Sanajan kitu, luyu jeung data anu geus kapanggih dina analisis palaku dumasar penampilanna, bisa katitén yén palaku emang Ki Ahmad miboga watek anu goréng, sedengkeun palaku Ki Ahmad miboga watek hadé.

b. Ajén Budaya

Pikeun maluruh ajén budaya anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa katitén tina tabél data ieu di handap. Tabél 4.6 Data Ajén Budaya GT-01 No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. GT-01:133 Kapinteran budak teu angger  2. GT-01:133 Hukum perkembangan  3. GT-01:1513 Ngajar téh teu gampang  4. GT-01:124 Nyetiran mobil  5. GT-01:124 Maréntah sina nyisi  6. GT-01:132 Guru jaman ayeuna  7. GT-01:143 Nitah ka tengah imah  8. GT-01:1511 Nitah ka dapur  9. GT-01:161 Ngajénan guru-guru lian  Katerangan: T : Ajén Téori Sn. : Ajén Seni É :Ajén Ékonomi K : Ajén Kawasa A : Agama Sl. : Ajén Solidaritas Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.6 di luhur, katitén aya tilu ajén téori, hiji ajén ékonomi,opat ajén kawasa jeung hiji ajén solidaritas. Ajén téori nyoko kana pamadegan yén manusa mikawanoh ayana téori anu jadi konsép dina prosés ngajén alam sabudeureun. Dina ieu hal, situasi anu diajénna nya éta situasi pangajaran di sakola. Salian ti éta, ajén téori ogé disawang tina pamadegan-pamadegan palaku ngeunaan kahirupan jeung cra ngatik antara kolot jeung guru anu kudu silih rojong. 1 Ajén Téori Data GT-01:133 jeung GT-01:133 ngébréhkeun ayana téori hukum perkembangan dina prosés pangajaran. Hukum perkembangan pikeun siswa SD miboga wirahma anu ngalaman pasang surut. Upamana dina ieu hal, Husén anu keur di kelas duana ngitung meunang peunteun alus, tapi di kelas tilu peunteunna jadi goréng, sabenerna lain perkara bodo jeung pinterna budak, sakumaha anu ditétélakeun ku bapana. Tapi, ieu hal patali jeung irama perkembangan budak dina umur antara genep nepi ka sabelas taun. Data GT- 01:1513 ngébréhkeun dipakéna téori prosés pangajaran. Ieu téori nétélakeun yén guru miboga konsép jeung rarancang ogé kaparigelan anu geus ditataharkeun samaméh ngajar. Hartina, guru teu bisa ujug-ujug ngajar saperti anu dipikirkeun ku palaku emang Ki Ahmad dina ieu carpon GT-01. 2 Ajén Ékonomi Ajén ékonomi anu kapanggih dina ieu carpon nya éta katitén tina data GT-01:124. Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa ngagunakeun logikana salian ti réalistis ogé ékonomis. Ukuran atawa tingkat ékonomi hiji jalma bisa katitén tina matéri anu dipibandana. Saperti anu katitén dina ieu carpon GT- 01, ajén ékonomi diébréhkeun sacara kontras antara palaku emang Ki Ahmad