77
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN
4.1 Déskripsi Data
Dina ieu panalungtikan aya dua sumber data anu dipaké, nya éta buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua buku
kumpulan carpon mangrupa hasil para wanoja pangarang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem. Ieu di handap mangrupa déskripsi data anu ngawengku
data jeung sinopsis 30 carpon.
4.1.1 Data Carpon
Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa
antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal
Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna 252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang
anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya
Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh” karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya
Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De
Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat
Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” karya Tety S.
Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah.
Surat keur ka Sawarga mangrupa antologi carpon kadua karya Sastrawati
Sunda Patrem. Ieu antologi medal 20 taun ti saprak antologi munggaran medal. Tangtuna waé 20 taun lain waktu anu sakeudeung, ieu hal jadi alesan panalungtik
pikeun maluruh ngeunaan ajén-inajén sosial budaya dumasar data sosial anu kagambar dina kumpulan carpon anu kahiji jeung kumpulan carpon anu kadua.
Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca.
Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya
Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya
Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra
di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.
4.1.2 Sinopsis
Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap
diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon.
1 “Emang jeung Alo” GT-01
Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki
Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun.
Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng, ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun
budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar
cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan.
Éta pamadegan dilelempeng ku Ki Ahmad anu harita kabeneran keur aya di imah emangna. Ki Ahmad méré kamandang yén kapinteran budak téh
tara angger, da aya hukum perkembangan. Tuluy, perkara guru jaman ayeuna anu dianggap bodo lantaran teu butak ku emang Ki Ahmad, Ki Ahmad kur
mairan bari heureuy.