Ajén Sosial HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

ngalantarankeun dosa upama didahar ku hiji jalma anu ngagem agama Islam. Éta bisa katitén dina cutatan ieu di handap. Ari neda, teu weléh jarijipen. Geuning kitu batur mah, sareng cenah Kristen anjeuna téh. Ari mésér daging nya daging babi … sanaos abdi disebut jalmi bodo, ku margi ari ngaji mah abdi téh da ti leuleutik, ari kana nu haram mah nya sebel baé. Malih wuwuh lami wuwuh asa ageung dosa cicing baé di tempat anu seueur pidorakaeun mungguh ceuk dia agama Islam mah… 302 Tina cutatan di luhur, bisa katitén hubungan antara ajén bebeneran, moral jeung kaagaman dina ieu kontéks. Ngadahar daging babi dianggap salah lantaran méngpar tina ajaran Islam anu ngaharamkeun daging babi. Sacara moral, palaku bisa ngabédakeun mana nu salah jeung mana anu bener lantaran kaimananna geus diipuk ti leuleutik sacara Islam. Jadi, basa aya dina hiji situasi anu salah, waktu manéhna manggihan kajadian yén ngadahar babi téh bener keur umat Kristen, manéhna masih nyekel pageuh kaimanana ku cara teu milu ngadahar daging babi sabab kaimanan nyebutkeun yén ngadahar daging babi mangrupa hiji hal anu kacida salah. Ajén moral lianna, anu teu miboga hubungan dalit jeung ajén bebeneran jeung agama nya éta data GT-03:292. Ieu data ngébréhkeun watek dunungan anu gedé ambek. Sikep gedé ambekna dunungan ka bujang mangrupa sikep anu goréng, lantaran luyu jeung kasapukan masarakat dina umumna, jelema boga hak anu sarua pikeun narima perlakuan adil ti papada jalma lianna. Béda jeung sikep palaku Ibu dina data GT-03:323 anu bageur jeung mikanyaah jalma lian sanajan manéhna saukur bujang. Ajén kaagamaan kapanggih ogé dina data GT-03:322, anu ngébréhkeun sikep palaku anu salawasna muntang jeung ménta ka Gusti Nu Maha Suci. 2 Ajén Kaéndahan DataGT-03:331 anu mangrupa data ajén kaéndahan hiji-hijina dina ieu carpon méré gambaran ngeunaan éstétika dina diri wanoja. Dangdan mangrupa hiji hal anu dianggap penting ku palaku Ibu, sabab sangkan katingali sieup jeung matak ngirut. Tangtna waé, palaku Ibu ngajarkeun Abdi cara dangdan anu teu kaleuleuwihi, tapi dangdan anu luyu jeung kapribadian sarta kabutuhan.

b. Ajén Budaya

Ajén budaya anu aya dina carpon GT-03, bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.18 Data Ajén Budaya GT-03 No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan T É A Sn K Sl 1 2 3 4 5 6 7 8 9 9 1. GT-03:302 Kristen  2. GT-03:302 Ngaji  3. GT-03:302 Islam  4. GT-03:302 Anak dunungan najong réncang  5. GT-03:303 Gusti Nu Maha Asih  6. GT-03:303 Dunungan ngakaya réncang  7. GT-03:322 Gusti Nu Maha Suci  8. GT-03:323 Ibu nu mikadeudeuh Abdi  9. GT-03:323 Ibu nu sok ngawurukan  10. GT-03:341 Hayang méré mawéh ka nu teu boga  11. GT-03:342 Nurut ka kolot  12. GT-03:323 Néangan pangalaman gawé ti lembur ka kota   13. GT-03:331 Cara nyanghareupan sémah  14. GT-03:331 Cara natangga  Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji ajén téori, hiji ajén ékonomi, lima ajén agama, dua ajén kawasa, jeung genep ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni. 1 Ajén Téori Ajén téori dina ieu carpon patali ogé jeung ajén ékonomi, nya éta ngeunaan masarakat ti lembur anu naréangan gawé ka kota GT-03:323. Salah sahijina aya dina gambaran palaku Abdi, awéwé urang kampung anu ngadon bubujang ka kota. Ieu hal balukar tina héséna néangan gawé di lembur, ditambah kaayaan ékonomi anu jauh tina cukup keur hirup sapopoé. Sanajan palaku Abdi teu kacaritakeun boga niat pindah atawa rék matuh di kota, tapi niatna keur néangan kipayah, konsép ékonomi ngeunaan lapangan kerja anu kawatesanan di daérah pilemburan cukup miboga alesan dipaké di dieu. Sacara logika, upama di lembur Abdi loba lapangan pagawéan, geus tangtu moal kudu jauh-jauh néangan kipayah ka kota. Tapi, tina data anu ditétélakeun ku Rusli 1996, kc. 141 yén prosés urbanisasi ngaronjat nepi ka 22,3 ti taun 1980-an ieu carpon medal taun 1984. Sacara teu lagsung, ieu hal méré gambaran ngeunaan kaayaan sosial dina mangsa harita. 2 Ajén Agama Data anu miboga ajén agama nya éta tilu data GT-03:302, nétélakeun sacara lugas ngeunaan babandingan antara ajaran agama Islam jeung Kristen. Dina ieu kontéks, Abdi anu agamana Islam gawé di dunungan anu agamana Kristen. Dina eusina nyaritakeun yén dununganna sok ngadahar daging babi anu ku umat Islam kalawan saklek diharamkeun. Data GT-03:303 jeung GT-03:322 ngébréhkeun sifat Allah anu Maha Suci jeung Maha Asih anu diungkarakeun ku Abdi salaku palaku protagonis anu teu elat ngadu’a ka Alloh.