Indéks HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 … ka alona nu kulitna rada- rada sawo tutung. 3. GT-01:123 Si Beuki Méwék Aktualisasi Si Beuki Méwék mangrupa indéks tina jalma anu henteu disebutkeun ngaranna lantaran miboga kabiasaan ceurik, jadi dilandih sesebutanna. Ieu hal bisa katitén tina cutatan ieu di handap. Calukan Si Beuki Méwék, sugan moal jebléh ari dibéré soklat mah. 4. GT-01:134 Butak Gejala fisik Butak mangrupa tanda indéks tina kontéks pamahaman yén sirah anu butak nandakeun jelema anu pinter. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Ieuh, guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter. 5. GT-01:137 Beungeut bareureum Gejala fisik Beungeut bareureum mangrupa tanda indéks tina rasa ambek jeung éra anu karandapan ku hiji jalma sacara biologis. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum , haténa mimiti panas. 6. GT-01:144 Panas Zat Panas mangrupa tanda indéks tina situasi rasa ambek anu karandapan hiji jalma, karasa ku haté sarta teu bisa disaruakeun jeung panas dina harti sacara fisik. Ieu hal bisa katitén dina No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 cutatan di handap. Beungeut Ki Ahmad mimiti bareureum, haténa mimiti panas . 7. GT-01:152 Ngahuleng Aktualisasi Ngahuleng mangrupa tanda indéks tina sikep cicing bari mikiran hiji hal. Dina ieu kontéks, ngahuleng dilakukeun ku Husén lantaran keur mikiran jawaban tina soal ngitung 8 x 17. Éta hal katitén dina cutatan ieu di handap. Aéh-aéh ngitung téh kalah ngahuleng … 8. GT-01:143 Ka dieu Aktualisasi Ka dieu mangrupa tanda indéks anu nuduhkeun demonstrative prosés pindah ti hiji tempat ka tempat séjén. Ieu bisa katitén tina cutatan di ahandap: Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa 9. GT-01:144 Bapa Aktualisasi Bapa mangrupa tanda indéks tina gaganti jalma pikeun ngébréhkeun status hubungan pancakaki antara Husén jeung emang Ki Ahmad. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. Ka dieu Jang urang diajar ngitung ku Bapa

c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-01 bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.4 Analisis Unsur Simbol GT-01