“Harga Hiji Surat” GT-06

ieu carita leuwih kompléks sabab patali jeung kaayaan ékonomi, salingkuh, sarta harga diri lalaki jeung awéwé. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan kalawan konsép cinta dina kulawarga. Geus katempo ti mimiti manéhna balaka yén pagawéanana macét ku lantaran bangkrut téh ngariukna beungeut Ratna bet matak nyentug kana haténa… 613 “Cik atuh Rat, sakalieun teu aya keur Ratna mah kumaha wé carana. Ulah nyiksa manéh kitu, akang teu téga” 628 “Bilih teu uninga tuang rayi anu jenengan Ratna téh parantos ngalambangsari sareng Diréktur Pausahaanana, dununganan, nya éta salaki abdi” 681 “Kumaha mun akang teu suka? Tapi akang moal nyerahkeun da gedé duriat ka Ratna.” 723 “Ratna ulah kacida teuing ngahinakeun akang ku cara sarupa kitu. Akang lalaki, sanajan euweuh gawé, akang teu hayang ngajual talak ka pamajikan.” 742 Tina sawatara cutatan di luhur, kitten yén téma kamanusaan diébréhkeun ngaliwatan paguneman langsung antarpalaku jeung ngaliwatan narasi ti pangarang.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-06 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku munculna palaku Ratna anu sibuk nataharkeun dangdanana lantaran rék aya acara di kantor, sarta tuluy aya nu néang maké mobil A. Sanggeus Ratna indit, Ilham ngalamun nginget- nginget kajadian-kajadian anu geus disorang ku manéhna jeung Ratna. Ti mimiti maksa Ratna sangkan daék dikawin ku manéhna, boga anak tilu, nepi ka bangkrutna pausahaan tempat Ilham digawé. Ieu mangrupa téhnik flash back D1 anu digunakeun ku pangarang sangkan sangkan eusi carita bisa diébréhkeun kalawan gembleng. Galur maju ka hiji poé waktu Ilham kadatangan sémah awéwé, pamajikan dunungan Ratna B. Tidinya, galur maju deui ka mangsa Ratna nembrakeun rusiah salingkuhna nepi ka manéhna paséa rongkah jeung Ratna C. Paséa rongkah ngabalukarkeun ngamukna Ilham ka Ratna nepi ka manéhna sorangan maéhan manéh D2. Ieu pangrupa hasil akumulasi tina A, B, C, jeung D1 anu miboga hubungan dalit dina carita. Carita dipungkas ku salametna Ratna sanggeus disiksa ku Ilham. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- C ---------- D2---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun palaku Ilham jeung Ratna anu sacara dominan aya dina ieu carpon. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina padet henteuna, ieu galur kaasup kana galur anu anggang. Ieu galur, midangkeun caritana sacara kendor sarta hubungan antarkajadianna ogé teu dalit. Pangarang kawilang anca dina nembrakkeun runtuyan carita. Kajadian-kajadian anu diébréhkeun dina galur flash back ogé teu kabéh miboga hubungan anu sacara langsung kana eusi carita mangsa kiwari. Sanajan kitu, kajadian-kajadian anu anggang éta, diakumulasi jadi hiji pasualan gedé anu ngabalukarkeun konflik dina ieu carita.