“Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” GT-16

Béda jeung gambaran cinta ka indung jeung adina, anu leuwih ti rasa nyaahna ka Dinan. Sanajan teu bisa dibandingkeun, tapi aya hubunganna. Idah nungguan jeung ngaragangan Asti salaku lanceuk, sangkan leuwih tiheula kawin. Tapi, Asti anu masih hayang sorangan, tétéla ngaraheutkeun haté indungna. Ieu hal ngabalukarkeun Asti ngarasa égois. Manéhna ngarasa teu masalah hirup sorangan, tapi tétéla jadi hahalang pikeun kabagjaan Idah jeung ngaraheutkeun haté indungna lantaran ningali anakna dirunghal.Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma. Dinan mah teu engeuheun, yéh harita Asti ngarasa haténa sabenerna geus kaeusian ku Dinan, sarta embung leungiteun… 1911 “Ibu mah bungah teu bungah Mamih rék nanyaan Idah gé… Naha Asti teu karunya ka Ibu… Deudeuh Ibu, geuning Asti téh ngajuwetkeun manah Ibu…” 1951 Deudeuh teuing Idah, boa Idah téh kasiksa ku Tétéh. Ngadagoan Tétéh. Padahal Idah geus boga pangeunteupan haté, geus waktuna paheuyeuk-heuyeuk leungeun jeroning rumah tangga. Naha Asti maké jadi hahalang? 1594 Tina sawatara cutatan di luhur, katitén rupa-rupa rasa cinta jeung kanyaah anu karasa ku hiji jalma dina kahirupanna.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-16 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Asti anu keur ngobrol jeung indungna A. Dina sela-sela wangkonganna, pangarang ngébréhkeun eusi haté Asti jeung pangalaman-pangalaman anu geus kaliwat jeung Gofar anu ku Asti mindeng diantep D1. Carita maju deui kana wangkonganna jeung Ibu ngeunaan rasa guligahna Ibu, mun kudu ningali Asti dirunghal ku Idah B. Lantaran sakur anu karasa ku Asti teu bisa dikedalkeun ka indungna, pangarang malikkeun carita ka mangsa Asti keur deukeut jeung Dinan D2. Asti ngarasa yén karepna anu masih kénéh hayang sorangan tétéla salah, lantaran nguciwakeun Idah jeung indungna C. Pangarang mungkas carita ku tékad Asti anu hiji waktu manéhna kudu mopohokeun Dinan sarta ngambah kahirupan anu leuwih bagja E. Flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku D2. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun palaku Asti anu ngalaman rupa-rupa kajadian dina hirupna anu masih ngarasa hayang bébas. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Asti anu digambarkeun ngarandapan rasa jeung rumasa dina haté ogé pikiranna.