“Guriang Tujuh” GT-05 Ajén Budaya

Tina téma anu diébréhkeun, pangarang nepikeun kacindekan ngeunaan luhung jeung sucina kacinta hiji indung ka nu jadi anak.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-05 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Embu anu keur ngalamun di kamarna A. Basa lamunanana mingkin jauh, manéhna ngarasa hariwang sieun anak-anakna anu genep teu dipikanyaah ku Si Cikal. Manéhna tuluy nyieun carita rékaan dina buku harianna. Dina tulisanna, carita pulang-anting ka mangsa-mangsa kakandungan ku tujuh budak. Ieu mangrupa téhnik flash back D1. Kajadian karasana nyeri dina tonggong basa keur anteng nulis, miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari B. Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku D2. Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari C, tuluy dipungkas ku Karna jeung Poppy anu nyebutkeun siap jadi gaganti indung jeung bapa keur adi-adina E. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Embu anu hariwang budak-budakna teu dipikanyaah. Saliwat, ieu carpon siga sub-galur, tapi sabenerna eusi carita anu nyaritakeun mangsa-mangsa Embu anu keur ngandung tujuh budakna mangrupa carita rékaan Embu, carita bohong keur budakna anu cikal sangkan daék mikanyaah adi-adina anu genep upama manéhna geus maot. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Embu anu ngarasa sieun, tuluy nulis carita rékaan, lantaran gering manéhna kapiuhan, pas hudang carita réngsé lantaran langsung meunang jawaban tina kahariwangna. Éta galur carita dipidangngkeun sacara gancang kalawan miboga hubungan anu dalit antarkajadianna. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur ka palaku nya éta Embu jeung Karna. Sanajan aya palaku séjén nya éta Poppy pamajikan Karna, tapi saukur dimunculkeun keur ngantebkeun pamungkas carita. 2 Palaku Dina carpon GT-05 aya saurang palaku utama, nya éta Embu GT- 05:444. Palaku tambahan aya 19 urang, nya éta Si Cikal atawa Karna GT- 05:444, Poppy GT-05:452, dokter GT-05:454, Dewi Kunti GT- 05:471, Batara Surya GT-05:471, Ama GT-05:472, Eyang GT- 05:473, Satiwati GT-05:491, dulur misan Ama GT-05:494, Susilawati GT-05:532, Damayanti GT-05:512, Déwi Kania GT-05:513, Ema GT- 05:544, emang béca GT-05:552, Mustikawati GT-05:554, Nuraini GT- 05:561, Si Bungsu GT-05:562, dokter GT-05:554, jeung dokter Adi GT-05:578. Palaku Embu, Karna, jeung Poppy méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu geus dilakonan.