“Gagak Ngelak di Majingklak” GT-09

pakasaban, tapi ogé ngaeunaan prinsip jeung idealism anu nyangkaruk dina batin-batin para pamayang di Majingklak. … Aya kénéh ogé sayagian cai dina gentong di pawon, kudu baé meuli deui. lain meuli butuh, meuli deudeuh ieu mah 1131 … Dunya pamayang anu tumali jeung lauk, laut, angin barat anu matak bangkrut, jeung Juragan parahu anu telenges taya rasrasan.. 323 … Tapi sorot panon jeung tingkah paripolahna cukup pikeun ngayakinkeun kasucian cintana ka mojang Kalipucang… 1141 Kacinta pamayang ka laut, ngaleuwihan kacintana ka bébéndé. Pangna kitu, lantaran pikeun pamayang mah laut mangrupa sagalana. Laut jeung pamayang geus teu bisa dipisahkeun.

b. Fakta Carita 2. Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-09 kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku gambaran palaku Nyi Lasem anu ngajual cai di Majingklak A. Pikeun mapaés carita, galur maju kana gambaran perasaan Nyi Lasem jeung Ki Jaka anu silih pikanyaah B. Lantaran inti konflik aya dina pakasaban para pamayang, salaku pamayang Ki Jaka boga prinsip ngeunaan rasa cintana ka laut. Ki Jaka nalungtik anu ngabalukarkeun laut jadi euweuh laukan, nepi ka kapanggih aya kapal asing di Palawangan C. Lantaran ngarasa panasaran, Ki Jaka indit ka laut ngadeukeutan Palawangan. Lantaran lambak laut sapeupeuting tarik, Ki Jaka maot D. Sanggeus Ki Jaka maot, anu ngarasa kaleungitan lain saukur Nyi Lasem, tapi ogé akina, Ki Arsim E. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku Ki Jaka anu pengkuh kana prinsipna micinta laut jeung pamayang- pamayang séjén di lemburrna. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ieu carpon miboga galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian anu aya hubunganna antara laut, Nyi Lasem, jeung Ki Jaka. d Dumasar Eusi Dumasar kana eusina, ieu carpon GT-09 ngagunakeun galur pemikiran . Upama niténan eusi carita sacara gembleng, eusina mangrupa hal-hal anu jadi bahan pamikiran pikeun nu maca. Sawatara hal anu jadi bahan pamikiran diantarana nya éta ngeunaan kakawasaan para juragan parahu, prinsip hirup para pamayang, jeung monopoli pamayang dina kapal asing. 2 Palaku Dina carpon GT-09, aya 12 urang palaku, nya éta Ki Jaka GT- 09:1121, Nyi Lasem GT-09:1123, Bapa Nyi Lasem GT-09:1123, Ki Arsim GT-09:1133, juragan parahu GT-09:1136, Ema GT-09:1203, Bah Nata GT-09:1219, Sipir GT-09:1251, narapidana GT-09:1251, Bah Bejo GT-09:1272, Ki Irsan GT-09:1284, jeung Ki Salya GT-