“Deudeuh Teuing” GT-10 Ajén Budaya

… Ceuk nu bohong mah, sakuliah kota Bandung dikulibek, unggal jalan dipapayan, unggal gang diusapan. Tapi weléh teu kapanggih. 1445 Emh…, deudeuh teuing lanceuk aing 1453 Tina cutatan di luhur katitén kanyaah Nunung salaku adi ka Atin, lanceukna. Sanajan Atin boga spat goréng jeung kungsi nganerikeun haaténa, tapi salaku adi Nunung ngarasa boga tanggung jawab keur ngubaran lanceukna. Malah, basa Atin indit ti imah, Nunung jeung salakina langsung néangan Atin di sakuliah Bandung bakat ku hariwang jeung nyaah ka lanceuk. Kanyaah lanceuk ka adi ogé témbong dina ieu carpon, nya éta kanyaah Atin ka Nunung. Sanajan cara mikanyaahna ngaliwatan pamadegan anu salah. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap. … Sakali deui ceuceu ngabéjaan, jang di dunya mah, ngan duit anu bisa nyenangkeun téh.. 1371 Tina cutatan di luhur katitén yén Atin miharep adina bisa jadi jalma aya nu beunghar jeung hirup senang. Tapi, cara anu dipaké ku Atin ku cara kawin jeung lalaki beunghar anu goréng adat, lain mangrupa solusi tina pasualan hirup Nunung anu pas-pasan. Kanyaah anu leuwih anteb ditémbongkeun ku indungna Nunung jeung Atin, anu moal maksa rék kawin jeung saha-saha waé ogé asal suka pada suka jeung ka jalma anu bener. Sakumaha bisa katitén dina cutatan di handap. … “Nung, bageur, Ibu mah moal ngahulag hidep milih jodo ka saha waé… Asal jelema bener. Asal suka pada suka… 1473 Kontéks jelema bener di dieu nya éta jelema anu jujur jeung tanggung jawab ka kulawarga. Indungna hariwangeun Nunung boga salaki siga salaki Atin anu rucah. Di dieu, kanyaah jeung kahariwang indung diébréhkeun.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktu, carpon GT-10 kaasup kana galur campuran. Pangna kitu, lantaran pangarang ngébréhkeun susunan galur ngaliwatan téhnik flash-back. Tapi galur maju ogé dipaké pikeun ngébréhkeun guluyurna carita. Carita dimimitian ku kaayaan palaku Nunung anu keur ngalamun hayang di imah almarhum kolotna, mikiran lanceukna anu leungit ti imah D1. Carita mundur ka mangsa-mangsa anu dilamunkeun ku Nunung A, B, jeung C, nya éta waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman ku Nunung ti mimiti lanceukna hayang kawin ka Dédén, manéhna ngajodo jeung Asép, nepi ka gélona Atin. Carita maju deui ka mangsa manéhna ngalamun dina lawang pantong, bari tuluy dilelemu ku salakina D2. Carita dipungkas ku teu kapanggihna Atin, ngan dicipta- cipta ku Nunung, lanceukna leumpang kadungsang-dungsang. Mapay- mapay jalan, mapay-mapay lembur, ngarerewig nyaliksik bari ngerenyem E. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén saperti di handap. D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara museurkeun panitén kana karakter para palaku anu ngan aya dina sagalur. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran kajadian- kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Atin anu kapiduit ahirna kagégéloan ku hartana anu geus séép. Nunung anu sabar jeung tawakal kawin ka mahasiswa nepi ka salakina jadi Sarjana Hukum, sarta nepi ka bisa boga mobil sorangan, tetep nyaah ka Atin mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku Nunung jeung Atin. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Nunung jeung Atin salila sababaraha taun ti mimiti milih pisalakieun, kawin ka salaki pilihan masing-masing, nepi ka narima kaayaan balukar tina kaputusanna baheula, museurkeun panitén nu maca ka para palakuna. 2 Palaku Dina carpon GT-10, aya 13 urang palaku, nya éta Nunung GT- 10:1361 Ceu Atin GT-10:1363, Asép GT-10:1363, Nanang GT- 10:1371, Dédén GT-10:1371, Nini GT-10:1371, indung Nunung GT- 10:1373, Ceu Asih GT-10:1373, Ua Haji GT-10:1373, Aki GT- 10:1373, Bapa Nunung GT-10:1381, Ina GT-101423, jeung Bi Onah GT-10:1443. Lima urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana tujuh urang palaku ngan disebut ku palaku utama pikeun panglengkep eusi carita. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Nunung jeung Atin mangrupa palaku utama. Sabelas palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu ngarojong palaku utama sacara langsung nya éta GT-10:1363 jeung GT-10:1371. Palaku séjénna mangrupa palaku anu ngarojong eusi carita sacara teu langsung.