“Korsi Hoé” GT-13 Ajén Budaya

lantaran korsi hoé anu dibeuli ku indungna miboga ajén sajarah anu moal kalindih ku korsi-korsi anyar. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan dina konsép jembarna rasa cinta. … Moal boa kanyaahna kana éta korsi leuwih ti ka salirana ku anjeun… 1585 … Barang mimiti mah henteu mercayakeun ka batur, dielapan nyalira... 1591 Bener, kuring henteu titén cara Ema miara éta korsi, ngan cek rarasaan, kanyaah kuring kana éta korsi teu pati jauh ti kanyaah Ema ka éta barang… 1642 Téma cinta karasa tina sawatara cutatan di luhur, anu ngébréhkeun ayana kanyaah anu teleb pisan kana hiji barang lantaran patali ogé jeung kacinta hiji indung ka anak-anakna.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur mundur flash-back, nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Kuring ngalalakonkeun perjuangan kolotna ngagedékeun anak-anakna, nepi ka babanda meuli korsi. Éta korsi hoé jadi objék utama dina ieu carpon. Carita dimimitian ku déskripsi ngeunaan fisik korsi jeung sét méjana D. Galur mundur kana kahayang jeung perjuangan Ema pikeun meuli éta korsi A. Galur maju nepi ka kacaritakeun éta korsi bisa kabeuli ku Ema, nepi ka dilalakonkeun jasa-jasa éta korsi B.Carita tuluy maju kana maotna Ema, tuluy éta korsi diwariskeun ka kuring C. Ayeuna, korsi tetep dibawa ungkrah-angkrih pipindahan imah kontrakan D2. Carita dipungkas ku kacindekan kuringngeunaan niatna meuli korsi anyar, upama hiji waktu kabeuli korsi anyar, korsi hoé warisan Ema moal dileupaskeun E. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén saperti di handap. D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku kuring anu ngalalakonkeun korsi hoé warisan indungna. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta Ema. Sanajan aya palaku séjén nya éta kuring, tapi tujuanna salaku palaku anu ngadéskripsikeun palaku séjén sarta salaku gambaran palaku anu miboga hubungan anu dalit jeung Ema. 2 Palaku Dina carpon GT-13, aya genep urang palaku, nya éta Ema, Apa, babaturan sakola, kuring, barudak, jeung babaturan gawé.