“Hatur Nuhun Ibu” GT-03

Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Abdi. Manéhna ngabéjérbéaskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi, sanajan palaku Abdi miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca “dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran dianggap bener ku hiji kelompok masarakat.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur mundur flash-back, nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Abdi anu peuting harita keur ngalamun, dina lamunana pinuh ku rupa-rupa carita anu geus kalarung. Carita dimimitian ku gambaran palaku Abdi anu keur nginget- nginget mangsa manéhna mimiti datang ka imah Ibu dununganna. Galur bras kana sabab-musabab manéhna bisa datang kadinya. Dicaritakeun pangalaman sabulan saméméh manéhna panggih jeung Ibu, basa manéhna masih kénéh sok disiksa di dunungan saméméhna. Carita maju kana mangsa salila cicing di imah Ibu nepi ka peuting ayeuna, peuting pamungkas di imah Ibu lantaran isukna Abdi kudu mulang ka lembur. D1 mangrupa mangsa peuting ayeuna basa Abdi ngalamun. A, B, jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman ku Abdi ti mimiti gawé di dunungan anu kahiji nepi ka kabur tuluy gawé di imah Ibu. D2 mangrupa waktu basa Abdi nyieun kaputusan rék balik ka lembur. E mangrupa ahir carita anu ngagambarkeun beuratna haté Abdi rék ninggalkeun imah Ibu. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén saperti di handap. D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan hirup ti mangsa ka mangsa. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang.. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku abdi anu indit ka kota rék néngan pagawéan, disiksa ku dunungan nu galak, panggih jeung dunungan anu bageur, nepi ka kudu balik deui ka lembur mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Abdi. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Abdi salila sababaraha taun ti mimiti indit ti lembur nepi ka rék balik deui ka lembur diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon GT-03, aya 12 urang palaku, nya éta Ibu GT-03:292, Abdi GT-03:292, dunungan GT-03:292, rerencangan GT-03:292, putra dunungan GT-03:302, pun adi GT-03:303, wargi GT-03:303, sadérék dunungan GT-03:313, Pun bapa GT-03:332, pun biang GT-03:332, bungsu GT-03:332, jeung tatangga GT-03:332. Tujuh urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana lima urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.