Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik Ngolah Data

a. kode carpon conto 1 : Carpon kadua belas dina buku Guriang Tujuh kode : GT-12 katerangan : GT : Guriang Tujuh ; 12 : Carpon kadua belas b. kode struktur, semiotik, data sosial, ajén sosial, jeung ajén budaya ngagunakeun téhnik kode anu sarua. conto : GT-01:812 katerangan : GT-01 : kode carpon ; 8 : kaca ; 12 : paragraf 3 Ngadéskripsikeun unsur intrinsik dina unggal carpon. 4 Ngébréhkeun hubungan antarunsur. 5 Ngulik harti anu aya dumasar hubungan antarunsur. 6 Ngulik ma’na sacara semiotik ku cara ngainterprétasikeun tanda ikon, indéks, simbol anu aya dina carpon. 7 Maluruh ajén-inajén sosial-budaya dina unggal carpon dumasar interprétasi tanda jeung data sosial. 8 Nyindekkeun hasil déskripsi jeung analisis struktur, semiotik jeung ajén- inajén sosial budaya anu aya dina sumber data.

3.8 Midangkeun Hasil Analisis

Sanggeus meunangkeun hasil panalungtikan, tuluy dipidangkeun dina widang atikan nonformal. Hasil analisis anu dipidangkeun dina hiji komunitas nulis carpon Panglawungan 13, rarancang midangkeunna nya éta saperti ieu di handap. 1 Anggota maca dua carpon anu dipilih luyu jeung hasil panalungtikan. 2 Anggota nyaritakeun deui eusi carpon anu geus dibaca. 3 Anggota nyawalakeun unsur pangwangun carpon téma, palaku, galur, jeung latar. 4 Kalawan luyu jeung rarancang, panalungtik jeung anggota nyawalakeun ajén-inajén sosial budaya anu aya dina carpon. 5 Ngabandingkeun dua carpon anu geus disawalakeun ditilik tina struktur jeung ajén-inajén sosial budayana. 77

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

4.1 Déskripsi Data

Dina ieu panalungtikan aya dua sumber data anu dipaké, nya éta buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua buku kumpulan carpon mangrupa hasil para wanoja pangarang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem. Ieu di handap mangrupa déskripsi data anu ngawengku data jeung sinopsis 30 carpon.

4.1.1 Data Carpon

Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna 252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh” karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” karya Tety S. Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah. Surat keur ka Sawarga mangrupa antologi carpon kadua karya Sastrawati Sunda Patrem. Ieu antologi medal 20 taun ti saprak antologi munggaran medal. Tangtuna waé 20 taun lain waktu anu sakeudeung, ieu hal jadi alesan panalungtik pikeun maluruh ngeunaan ajén-inajén sosial budaya dumasar data sosial anu kagambar dina kumpulan carpon anu kahiji jeung kumpulan carpon anu kadua.