“Tatangga” GT-19 Ajén Budaya

patali jeung beunghar élmu ogé beunghar kapribadian sarta jiwa sosial dina dirina. Sedengkeun kontéks kurang mampuh nyoko kana suwungna pangabisa atawa élmu pangaweruh anu dipibanda ku hiji jalma.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-19 kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku palaku kuring anu keur nyérangkeun buruan imah Bu Érni bari ngalamun ngeunaan manéhna anu ngarasa teu boga pangarti jeung kahayang manéhna nganjang ka imah Bu Érni A. Galur maju kana kaayaan kuring anu ngawangkong jeung salakina ngeunaan Bu Érni B. Kalawan idin salakina, kuring nganjang ka imah Bu Érni C. Di imah Bu Érni, kuring ngarasa yén pamadeganna salila ieu ngeunaan kaayaan Bu Érni téh nyalahan D. Carita dipungkas ku balik deuina kuring ka imah, bari bisa nyindekkeun yén sipat jeung paripolah hiji jalma teu saukur katingali tina gelar atawa kaayaan luarna wungkul, tapi tina kapribadianana. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Kuring anu sibuk kana persepsina kana rupa-rupa kaayaan tatanggana. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku kuring anu nganjang ka imahna Bu Érni boga pamadegan ngeunaan kaayaan jalma anu ku manéhna dianggap béda sacara sosial. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur pemikiran. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama kuring. Eusi-eusi pamikiran jeung persepsi kana kaayaan sosial diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. Kaasup cara mikir kuring anu basajan jeung pola pikir Érni anu kompléks. 2 Palaku Dina carpon GT-19, aya 13 urang palaku, nya éta Bu Érni GT- 19:2173, KuringÉma GT-19:2174, Aming GT-19:2193, Cep Edwin GT-19:2182, Barudak GT-19:2196, Si Munah GT-19:2215, Mang Sukri GT-19:2215, Pa Kapala GT-19:2235, Salaki Érni GT-19:2235, Wiwin GT-19:2241, Tince GT-19:2244, Elly GT-19:2244, jeung Tika GT-19:2244. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Bu Érni GT-19:2173 jeung KuringÉma GT-19:2174 mangrupa palaku utama. Anu kaasup kana palaku tambahanna nya éta Aming GT-19:2193, Cep Edwin GT- 19:2182, Barudak GT-19:2196, Si Munah GT-19:2215, Mang Sukri GT-19:2215, Pa Kapala GT-19:2235, Salaki Érni GT-19:2235, Wiwin GT-19:2241, Tince GT-19:2244, Elly GT-19:2244, jeung Tika GT-19:2244.