Téma Fakta Carita 1 Galur

A ---------- B --------------- C --------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina jumlah galurna, ieu carita téh miboga galur tunggal. Ieu hal lantaran nyaritakeun saurang palaku nu ngalaman pasualan dina hirup. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carita miboga galur anu padet. Caritana dicaritakeun kalayan gancang. Lantaran miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, ieu carita téh miboga galur pamikiran. Disebut galur pamikiran lantaran nyaritakeun perasaan ogé hal nu kudu jadi pamikiran para palaku. 2 Palaku Palaku dina ieu carita aya 12 urang, nya éta Kapala Desa SKKS- 05:411, Pa Mantri SKKS-05:414, Kaur SKKS-05:427, Rustan SKKS- 05:428, Cép Wowo SKKS-05:4212, Pa Teguh SKKS-05:4214, Asep SKKS-05:452, Bu Halimah SKKS-05:456, Bu Cucun SKKS-05:458, Bu Euis SKKS-05:4510, Murid SKKS-05:462, jeung Mang Dana SKKS- 05:467. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita ngawengku palau uatama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina ieu carita nya éta Pa Mantri SKKS-05:414. Ari palaku tambahanana nya éta Kapala Desa SKKS-05:411, Kaur SKKS-05:427, Rustan SKKS-05:428, Cép Wowo SKKS-05:4212, Pa Teguh SKKS-05:4214, Asep SKKS- 05:452, Bu Halimah SKKS-05:456, Bu Cucun SKKS-05:458, Bu Euis SKKS-05:4510, Murid SKKS-05:462, jeung Mang Dana SKKS-05:467. b Dumasar Penampilan Ditilik tina penampilanana, palaku dina ieu carita ngawengku palaku protagonis jeung palaku antagonis. Palaku protagonis dina ieu carita nya éta Pa Mantri SKKS-05:414, Kaur SKKS-05:427, Rustan SKKS-05:428, Cép Wowo SKKS-05:4212, Asep SKKS-05:452, Bu Halimah SKKS-05:456, Bu Cucun SKKS-05:458, Bu Euis SKKS-05:4510, Murid SKKS-05:462, jeung Mang Dana SKKS- 05:467. Ari palaku antagonisna nya éta Pa Teguh SKKS-05:4214. Ieu hal katitén tina omongan Pa Teguh nu hayang ngasupkeun anakna jadi pagawé maké duit. c Dumasar Watek Ditilik tina wangunna watekna, palaku dina ieu carita méh kabéhanana miboga watek anu basajan. Hartina sipatna statis, gampang dipikawanoh jeung gampang diinget. Ditilik tina mekar henteuna watek, palaku dina ieu carita méh kabéhanana mangrupa palaku statis nya éta sacara ésénsial ieu palaku téh teu ngalaman parobahan. d Dumasar Pencerminan Palaku Dumasar pencerminanana, palaku aya palaku tipikal jeung palaku nétral. Palaku tipikal nya éta Pa Mantri SKKS-05:414. Ari palaku nralna nya éta Kapala Desa SKKS-05:411, Kaur SKKS-05:427, Rustan SKKS-05:428, Cép Wowo SKKS-05:4212, Pa Teguh SKKS- 05:4214, Asep SKKS-05:452, Bu Halimah SKKS-05:456, Bu Cucun SKKS-05:458, Bu Euis SKKS-05:4510, Murid SKKS-05:462, jeung Mang Dana SKKS-05:467. 3 Latar Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial. Tabél 4.132 Data Latar SKKS-05 No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos. 1 2 3 4 5 6 1. SKKS-05:412 Ayeuna  2. SKKS-05:425 Rohangan Kapala Dinas  3. SKKS-05:4214 Rohangan Bendahara  4. SKKS-05:444 Paksakeun  5. SKKS-05:448 Kantor Dinas  6. SKKS-05:4413 Kantor Sakola  7. SKKS-05:459 Kapala sakola anu dipilih heula  8. SKKS-05:461 Sawelas taun  9. SKKS-05:464 Takol loncéng  10. SKKS-05:467 Pukul sapuluh  11. SKKS-05:4610 Nyumbang penjaga  12. SKKS-05:472 Gotong royong  a Tempat Latar tempat dina ieu carita nya éta di rohangan Kapala Dinas, rohangan Bendahara, Kantor Dinas, jeung Kantor sakola. Rohangan Kapala Dinas mangrupa tempat Pa Mantri narima SK ti provinsi. Rohangan bendahara nya éta tempat Pa Mantri ngobrol jeung Pa Teguh ngeunaan jadi kapala sakola jaman ayeuna mah bisa maké duit. Kantor sakola mangrupa tempat Pa Mantri amitan jeung mapagahan ka guru-guru. b Waktu Latar waktu dina ieu carita nya éta ayeuna, sawelas taun, jeung pukul sapuluh. Ayeuna mangrupa latar tempat anu jembar, manrupa mangsa ayeuna, mangsa pa Mantri rék pangsiun. Sawelas taun mangrupa lilana Pa Mantri aya di éta sakola. Pukul sapuluh nya éta waktuna siswa arasup deui ka kelas sanggeus istirahat. c Sosial Latar sosial dina ieu carita nya éta paksakeun, disaring heula, nyumbang penjaga, jeung gotong royong. Latar sosial anu kagambar nya éta ngeunaan masarakat di lingkungan atikan. Dunya atikan anu teu leupas tina perkara siswa, guru, prosés ngajar jeung ngatik siswa, kepala sakola, jeung pangsiunan. Dunya atikan anu masih kénéh aya oknum anu sok ngandelkeun duit sogokan keur naék jabatan. Tapi, latar sosial anu paling kuat nya éta ngeunaan karakter kapala sakola anu dipikareueus ku guru- guru jeung siswa.

4.2.24.2 Unsur Semiotik SKKS-05

Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-05 ngawengku tilu ikon, salapan indéks, jeung dua simbol.

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon SKKS-05 ngan aya ikon métaforis. Tabél 4.133 Analisis Unsur Ikon SKKS-05 No. Kode Data Data Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. 1 2 3 4 5 6 7 1. SKKS-05:441 Ngadarah daging  Mangrupa paribasa nu dipaké keur nuduhkeun hiji halkabiasaan nu geus moal bisa dipisahkeun. Ieu katitén tina cutatan di handap. “Hésé ngabasmina, Kang Sabab geus lila teuing, geus ngadarah daging . Hésé mupusna...

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon SKKS-05 aya anu mangrupa indéks gejala fisik, réngkak paripolah, aktualisasi, sora, jeung barang. Éta bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 4.134 Analisis Unsur Indéks SKKS-05 No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi 1 2 3 4 5 1. SKKS-05:411 Éska SK Barang SK mangrupa surat kaputusan salaku bukti yén Pa Mantri geus pangsiun. Ieu katitén tina cutatan di handap. Éska pangsiun nu karék katarima ti Kapala Dinas maih dikekewek dina leungeunna... 2. SKKS-05:411 Ratug Gejala fisik Ratug mangrupa tanda tina aya rasa kasieun jeung kahariwang alatan geus narima surat SK pangsuiun. Ieu katitén tina cutatan di handap. ... Tacan wani muka. Haténa ratug, teu puguh rasa. 3. SKKS-05:417 Hanjelu Aktualisasi Hanjelu mangrupa indéksikal tina rasa hanjakal, lantaran bet ngajukeun pangsiun saméméh waktuna. Ieu katitén tina cutatan di handap. Tuluy surat pangsiun téh diilo, mani imeut naker. Bet aya rasa hanjelu dina dasar haténa... 4. SKKS-05:429 Seuri konéng Réngkak paripolah Seuri konéng mangrupa indéksikal tina ayana katugenah, lantaran ngarasa teu puguh pilampaheun saenggeus pangsiun. Ieu katitén tina cutatan di handap. “Iraha rék nuturkeun?” tanyana bari seuri konéng.