“Nu Beunghar” GT-02 Ajén Budaya

nu beunghar bisa inget ka nu sangsara, teu saukur ngudag kabeungharan pribadi tapi ogé ngutamakeun karaharjaan balaréa ku cara hirup basajan jeung teu poho ka baraya. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma. … Saur Ema mah cenah, anjeunna téh geus boseneun calik di gedong sigrong, icikibung dina kaméwahan. Nya tuluy masisian, nyaung-nyaung di luar kota. 174 “Yeuh, geulis, bageur, pinter…, nini-nini mah ngadegkeun pabrik di ditu di dieu sotéh gegedéna mah itung-itung méré pangupa jiwa ka dulur-dulur urang nu teu m ampuh” 267 “Ceuk nini gé, urang ningali téh ulah ngan ukur ka baraya-baraya nu jareneng baé Tuh tingali, di ditu di dieu teu saeutik dulur-dulur urang,babarayaan urang anu teu garaduh, nu pikarunyaeun, rék ku saha ditulunganna ari lain ku urang nu ka sebutna leuwih beunta?” 273 “Matak Nini mah ngahaja imah-imah di pasisian kieu téh, imah butut kieu, da ari ka gedongan mah baraya nu teu boga tara daraékeun unggah, sérabun ku imah.” 278 Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén téma ieu carpon mémang museur ka saurang palaku anu beunghar, luyu jeung judulna. Kontéks anu dipidangkeun ngeunaan beunghar dina ieu téma bisa jadi ngandung dua harti, jalma anu beunghar harta jeung beunghar haté.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita. Ieu carita dimimitian ku datangna palaku Kuring jeung salakina ka imah Nini nini ti gigirna. Dina ieu bagian dicaritakeun ti barang béca eureun hareupeun imah, kaayaan pakarangan imah anu harieum ku tatangkalan, nepi ka srogna ka tepas imah anu dibagéakeun ku piribumi A. Sanggeus dititah diuk, tuluy ngamimitian ngawangkong ngalér ngidul. Eusi wangkonganna nyaritakeun ngeunaan mangsa-mangsa baheula Nini keur ngora D1. Ieu mangrupa téhnik flash back, anu nyaritakeun mangsa bihari dina waktu kiwari. Ieu téhnik digunakeun upama aya hubungan atawa patula patalina hal anu karandapan baheula jeung kajadian ayeuna. Lantaran dina ieu carpon téhnik flash back digunakeun dina sela-sela wangkongan, tangtu waé upama ngawangkong sok aya eureunna. Ieu waktu eureun jeda tina flash back digunakeun ku pangarang pikeun malikeun deui pangacian anu maca ka mangsa kiwari, kitu satuluyna B. Carita balik deui ka mangsa Nini meuli imah jeung nyieun pabrik keur kahirupan dulur-dulurna D2. Upama ayah al anu teu sapadegan jeung Kuring, Kuring langsung nyempad wangkongan, ieu hal salaku galur anu mulangkeun pangacian anu maca kana mangsa kiwari C. Pangarang mungkas carita ku museurkeun ka mangsa kiwari anu keur karandapan ku palaku Kuring jeung salakina anu keur nyémah. Teu kacaturkeun balik atawa amitan ti imahna Nini, ngan nepi ka ayana hiji kacindekan ti palaku Kuring ngeunaan palaku Nini, jalma beunghar anu hirup basajan E. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E b Dumasar Jumlah Ditilik tina jumlahna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun sub-galur anu galurna leuwih ti hiji. Galur kahiji, nyaritakeun Kuring jeung salakina anu nyémah ka imah Nini sarta tuluy ngawangkong. Galur kadua, nyaritakeun lalampahan Nini ti mimiti cicing di imah gedong nepi ka nyaung-nyaung di sisi kota. Galur ka tilu, nyaritakeun sémah-sémah séjén anu daratang ka imah Nini. Jumlah galur saperti kieu ilahar digunakeun