“Dongéng Sakotrét” SKKS-03

“… Ti semet ieu ka hareup nepika hiji mangsa bentang nepungkeun asih kuring ka manehna, Karajaan Pakuan bakal tumpur Saumur hunjur wuluku”313 “Kuring ti semet ieu kahareup sumpah arék ngeumbingan waktu jeung tangtu ku pameuli rek ngalampahkeun Tapadrawa- Tantrayana”313 Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama nya éta manéhna jeung Walangsungsang. Manéhna jeung Walangsungsang ngabéjérbéaskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapan ngaliwatan puseur sawangan jalma kadua anu ngajén situasi dumasar pamadeganana.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur mundur flash-back, nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Manéhna anu harita keur ngalamun, dina lamunana pinuh ku carita nu geus kalarung. Carita dimimitian ku gambaran palaku manéhna anu keur nginget- nginget mangsa manehna sok manggihan Walangsungsang bubunian. Galur bras kana sabab musabab manéhna bisa manggihan Walangsungsang ku cara bubunian. Carita maju kana pangalaman- pangalaman manehna diistrenan ku Raja Pakuan nepika Walangsungsang ragrag supata. Tuluy carita dipungkas ku mangsa kiwari nu ngebrehkeun yen manehna geus sadar kana lamunana. D1 mangrupa mangsa ayeuna basa manehna ngalamun di kamar hotél Atlas di Slany. A, B jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman ku manehna ti mimiti leutik nepi ka gedé tur ngaraketkeun jangjina silih mikaasih. D2 mangrupa mangsa manéhna diistrenan ku Raja Pakuan nepika Walangsungsang ragrag supata. Sedengkeun E mangrupa mangsa kiwari nalika manehna sadar geus jauh ngimpleng caritaan. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén saperti di handap. D1 ----------- A --------- B ------------ C ----------- D2 ------------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku “manéhna” anu ngalaman rupa-rupa pangalaman hirup. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatana, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diebrehkeun ku palaku utamana sacara langsung. Kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan nu dalit jeung inti carita. Palaku “manéhna” nu ngimpleng ka tukang kana basa ngaraketkeun tali kaasih jeung Walangsungsang, mangrupa galur carita nu raket patalina. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita nu karandapan ku palaku utama manehna. Pangalaman- pangalaman nu karandapan ku manehna ti mimiti ngimpleng mangsa kamari nepika mangsa kiwari diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon SKKS-03, aya opat urang palaku nya eta manehna SKKS-03:251, Walangsungsang SKKS-03:282, Raja Pakuan SKKS-