“Ngobor” GT-17 Ajén Budaya

aya anu garawé di kota keur néangan kipayah. Tapi, keur anu masih kénéh hayang hirup di lembur, maranéhna bisa tetep ngalumangsungkeun hirupna sanajan basajan. Ieu carpon miboga gambaran kamanusaan, salaku mahluk sosial anu miboga ajén solidaritas, ciri mandiri urang lembur anu teu weléh rempeg dina ngalakukeun hiji kagiatan.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-17 kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku Idon anu disampeur ngobor ku Tohir A. Tuluy arindit ka imah Oyon B. Geus kitu, arindit ngobor ka sawah C. Lantaran di sawah teu meunang belut, antukna Idon jeung batur-baturna ngala lauk di balongna Oyon, tuluy dipurak jeung liwet di imah Oyon D. Carita dipungkas ku bapana Oyon basa subuh-subuh ngahudangkeun Oyon yén lauk pesenan Bapa Wadana aya nu maok. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun lalampahan Idon jeung babaturanna dina hiji peuting. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Idon. Kajadian-kajadian anu kaalaman ku Idon, Oyon, Iing, Karno, jeung Atang diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon GT-03, aya 19 urang palaku, nya éta Ema GT-17:1971, Ceuk Unasih GT-17:1971, Si Ujang GT-17:1972, Abah GT-17:1972, Idon GT-17:1973, Tohir GT-17:1975, Si Késih GT-17:1987, bibina Si Késih GT-17:19812, Si Oyon GT-17:19912, Si Karno GT-17:19914, Mama Ajengan GT-17:2006, santri GT-17:2006, Mantri GT-17:2032, Anang GT-17:2023, Atang GT-17:2039, Iing GT-17:20310, Mang Kusén GT-17:20511, Euis GT-17:2061, jeung Bapa Wadana GT- 17:2078. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Idon GT-17:1973 mangrupa palaku utama. Sedengkeun Ema GT-17:1971, Ceuk Unasih GT- 17:1971, Si Ujang GT-17:1972, Abah GT-17:1972, Tohir GT- 17:1975, Si Késih GT-17:1987, bibina Si Késih GT-17:19812, Si Oyon GT-17:19912, Si Karno GT-17:19914, Mama Ajengan GT- 17:2006, santri GT-17:2006, Mantri GT-17:2032, Anang GT- 17:2023, Atang GT-17:2039, Iing GT-17:20310, Mang Kusén GT- 17:20511, Euis GT-17:2061, jeung Bapa Wadana GT-17:2078 mangrupa palaku tambahan.