Simbol Téma HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

4.2.26.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-07 a. Ajén Sosial

Data jén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun tujuh ajén sosial. Tabél 4.148 Data Ajén Sosial SKKS-07 No. Kode Data Data Ajén Sosial Kat. Bnr. End. Mrl. Agm. 1 3 4 5 9 7 8 9 1. SKKS-07:615 Ampun Gusti  2. SKKS-07:623 Alhamdulillah  Tina tabél di luhur, kapanggih ayana data sosial kaagamaan nu nyangkaruk dina ieu carita.  Ajén Kaagamaan Ajén kaagamaan nyampak dina Ampun Gusti SKKS-07:615 jeung Alhamdulillah SKKS-07:623. Data SKKS-07:615 ngébréhkeun kahanjakal lantaran Ua Istri ningali laukna paraéh, tapi teu bisa kumaha sabab sanajan saréatna lantaran aya bayawak, hakékatna mah lantaran Alloh SWT.

b. Ajén Budaya

Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya lima ajén budaya anu diwincik kana opat ajén anu béda-béda. Tabél 4.149 Data Ajén Budaya SKKS-07 No. Kode Data Data Ajén Budaya Kat. T É A Sn. K Sl. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1. SKKS-07:572 Ngajuta  2. SKKS-07:581 Sarempak tanam  3. SKKS-07:601 Karunya  4. SKKS-07:615 Ampun Gusti  5. SKKS-07:623 Alhamdulillah  Dumasar tabél di luhur, kapanggih aya hiji téori, hiji ékonomi, dua agama, hiji ajén kawasa, jeung hiji ajén solidaritas. 1 Ajén Téori Data SKKS-07:581 ngébréhkeun ayana solusi pikeun nyingkahan hama anu mahabu, nya éta ku cara sarempak tanam, atawa melak parena babarengan. Tapi, lantaran di lembur mah upama aya anu ngurus sawah téh silih bantuan gawé, upama melak jeung panénna babarengan, aya kamungkinan kurang anu gawé mantuan lantaran pada-pada ngurus sawahna séwang-séwangan. 2 AjénAgama Ajén agama nyampak dina Ampun Gusti SKKS-07:615 jeung Alhamdulillah SKKS-07:623. Data SKKS-07:615 ngébréhkeun kahanjakal lantaran Ua Istri ningali laukna paraéh, tapi teu bisa kumaha sabab sanajan saréatna lantaran aya bayawak, hakékatna mah lantaran Alloh SWT. 3 Ajén Solidaritas Data SKKS-07:601 ngébréhkeun rasa mangkarunyakeun ka Ua anu nyieun balong gedé salila sabulan keur melak lélé dumbo, tapi teu kapaké. 4.2.27 “Nu Mulang ti Panyabaan” SKKS-08 4.2.27.1 Struktur Carita SKKS-08

a. Téma

Tema carpon SKKS-08 nya éta réligi, ieu téma nyoko kana kakawasaan Pangéran kana nangtukeun nasib jeung takdir jalma, gambaran kaagamaan jeung kapercayaan palaku kana agama jeung ajawan nu aya dina agama. Ieu téma kaagamaan katitén tina kagiatan anu lumangsung sarta dina palaku nyanghareupan kahirupan dibarengan ku ajaran jeung kapercayaanana kana agama. Tina téma ieu pangarang miharep sangkan dina nyanghareupan hirup jalma kudu sumerah ka Pangéran, sarta kudu sujud sukur narima ni’mat, nasib, jeung takdir ti Pangéran sanajan henteu saluyu jeung pangharepan, ku sabab naon anu dipikahayang can tangtu hadé keur manéhna. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun téma. ... Ngan munajat ka Gusti, muga-muga dipaparin milik leuwih ti kitu. Nya lumayan usaha téh dibarengan pareng jeung keyeng mah. 676 ... Harita kuring sujud bari ngagukguk ceurik ngucapkeun sukur ka Pangéran. Horéng Panangan Anjeunna hakékatna mah nu nyandak lokét kuring téh, sangkan kuring leupas tina balai ... 671

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna ieu carpon kaasup kana galur campuran, nya éta carita anu ngagabungkeun antara galur maju jeung galur mundur dina caritaanana. Dimimitian ku galur maju datangna Ahmad ti panyabaan, di tengah carita nya éta galur mundur anu nyaritakeun pangalaman Ahmad di panyabaan, jeung ahir carita nya éta galur maju anu sadatangna Ahmad salamet, Ahmad jeugn kulawarga ngalaksanakeun sukuran. E Mangrupa mangsa Ahmad datang ka imah ti panyabaan. DI mangrupa mimitina konflik nya éta kareuwas boh Ahmad atawa kulawargana nalika ninggali Ahmad balik padahal geus disangka maot ku kulawargana. A, B jeung C mangrupa mangsa ka tukang nalika Ahmad kacopétan jeung digawé di panyabaan, sarta kasalahpahaman kulawarga Ahmad anu nganggep Ahmad geus maot lantaran idéntitas Ahmad aya dina mayit anu ruksak. D2 mangrupa ahir carita yén sabenerna Ahmad can maot, salila sababaraha bulan ka tukang téh aya di panyabaan nya éta usaha keur anak-pamajikan. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina carpon bisa katitén saperti di handap. E -------- D1 -------- A -------- B -------- C -------- D2 b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon miboga leuwih ti hiji galur Sub-galur. Ieu hal dilantaranan galur caritana loba, anu némbongkeun saurang palaku Ahmad anu balik ti panyabaan, tuluy nyaritakeun Ahmad basa dipanyabaan, ahirna nyaritakeun kahirupan jaman kiwari. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carpon miboga galur anu padet nya éta midangkeun carita sacara gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina ieu carpon miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Ahmad anu mulang ti panyabaan, nyaritakeun kajadian Ahmad di panyabaan, sarta hasil Ahmad tepungna danang jeung kulawargana.