Téma HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN

ngawangkong nu can puguh bebenerananan. Ieu hal katitén tina cutatan di handap. Tepas imah téh rada lega, lampitna hérang balas didariukan tatangga- tatangga nu sok ngahaja ngalayung pasosoré… 483 “Ieuh, di lembur urang mah saréréa ogé geus tarerangeun, yén Gan Wiria téh munjung,” pokna 501

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Galur dina ieu carita, nya éta galur maju. Ieu galur dimimitian ku tatangga nu daratang ka imah kuring keur ngiuhan. Ti dinya bijil omongan ngeunaan Gan Wiria nu disangka Munjung. Teu lila jol si Ujang, anak Nyi Anah bari huhujanan. Soréna si Ujang panas, tuluy diubaran ka dukung peutingna. Si ujang dimandian tengah peuting, awakna teu disimbutan. Isuk-isukna si ujang tilar dunya. Upama dibagankeun, ieu galur téh saperti di handap. A ---------- B --------------- C --------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Dumasar jumlah galurna, ieu carita miboga galur sub-galur. Nya éta carita anu nyaritakeun dua carita tapi masih patali nu hiji jeung nu séjénna. c Dumasar Kritéria Kepadatan Dumasar kepadatanana, ieu carita miboga galur padet. Nya éta midangkeun carita sacara gancang tur kajadianan dalit. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carita téh nya éta galur pemikiran. Dina ieu carita pondok, dicaritakeun kumaha pamikiran masarakat ngeunaan pasualan kahirupan nu karandapanana. 2 Palaku Palaku dina ieu carita aya sabelas, nya éta SKKS-06:481 Ijah, SKKS-06:484 Bi Mamah, SKKS-06:495 Nyi Anah, SKKS-06:497 Si Ujang, SKKS-06:499 Cép Entu, SKKS-06:498 Juragan Wiria, SKKS- 06:507 Ki Ja’I, SKKS-06:507 Si Uju, SKKS-06:507 Nyi Erum, SKKS- 06:536 Pa Samhari, jeung Ceuk Idah SKKS-06:542. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita aya palaku utama jeung tambahan. Palaku utamana nya éta Ijah SKKS-06:481, Bi Mamah SKKS-06:484, Nyi Anah SKKS-06:497, jeung Si Ujang SKKS- 06:499. Ari nu tambahannana nya éta SKKS-06:497 Nyi Anah, SKKS-06:499 Si Ujang, SKKS-06:498 Cép Entu, SKKS-06:507 Juragan Wiria, SKKS-06:507 Ki Ja’I, SKKS-06:5024 Si Uju, SKKS- 06:517 Nyi Erum, SKKS-06:536 Pa Samhari, jeung Ceuk Idah SKKS-06:542. b Dumasar Penampilan Dumasar penampilanana aya protagonis jeung antagonis. Palaku protagonis nya éta SKKS-06:481 Ijah, SKKS-06:497 Nyi Anah, SKKS-06:499 Si Ujang, SKKS-06:498 Cép Entu, jeung SKKS- 06:497 Juragan Wiria. Ieu palaku bisa katitén tina cutatan di handap. “Muga-muga baé enya jeung Cép Entu, hariwang sotéh bisi teu aya,” ceuk Nyi Anah…” 499 Peuting éta kuring milu ngemitan. Kira kira pukul dalapan jol GanWiria, bojona, jeung Cép Entu, putra nu kari hij-hijina. Ningali simbut budak nyinglid téh Ceuk Idah ngarongkong ti dituna mah rék menerkeun meureun. 542.