“Milangkala” GT-14 Ajén Budaya

Konsép kanyaah anu jembar di lingkungan kulawarga ditembrakeun ku pangarang sacara basajan tapi miboga amanah kamanusaan anu luhung. Ngeunaan luhungna kanyaah indung, ngeunaan beresihna kanyaah anak, jeung perkara kabagjaan anu teu bisa dibeuli atawa digantian ku matéri.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-14 kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku gambaran kaayaan Ibu anu keur riweuh néangan klise tangkal ganja A. Lantaran teu kapanggih, Ibu tadina rék nitah Aji panginjeumkeun ka Lily. Tapi Aji jeung Santi euweuh teuing kamana B. Ibu jeung Éni néangan, tapi teu kapanggih C. Ibu boga karumasa yén barudak geus teu baretaheun deui cicing jeung manéhna D. Padahal, Aji jeung Santi keur néangan kado jang ulang taun Ibu E. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Kritéria Jumlah Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur tunggal. Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Ibu ngasuh Aji jeung Santi sarta mikanyaah saperti ka anakna sorangan. c Dumasar Kritéria Kepadatan Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku Ibu salaku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Ibu. Kajadian-kajadian kaalaman ku Ibu salila ngagedékeun Aji jeung Santi diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna. 2 Palaku Dina carpon GT-14, aya dalapan urang palaku, nya éta Santi GT- 14:1652, Aji GT-14:1652, Eni GT-14:1659, Lily GT-14:16511, Dedi GT-14:1662, Kang Agus GT-14:1672, Ené GT-14:1711, jeung IbuGT- 14:1716. a Dumasar Kalungguhan Dumasar kana kalungguhanna, Ibu mangrupa palaku utama. Santi GT-14:1652, Aji GT-14:1652, Eni GT-14:1659, Lily GT- 14:16511, Dedi GT-14:1662, Kang Agus GT-14:1672, jeung Ené GT-14:1711 mangrupa palaku tambahan. b Dumasar Penampilan Ditilik tina penampilanna, Santi,Aji,Éni,jeung Ibu mangrupa palaku protagonis. Dina ieu carpon euweuh palaku antagonis. Palaku Lily, Dedi, Kang Agus, jeung Ené mangrupa palaku séjén anu ngan saliwat- saliwat disebutkeunna, jadi teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.