“Emang jeung Alo” GT-01

“… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi ari digawé teu balener… Ieuh guru déwék mah baheula, sirahna ogé barutak tanda guru pinter.” 134 “Matak pusing nya Mang ngajar téh? Angot geura upami mayunan kelas mah. mangkaning budak anu saur emang”goblog” téh aya puluhna.” 137 Sanajan dina ngébréhkeun témana ngaliwatan kalimah langsung anu mangrupa pamadegan palaku, tapi nu maca bisa nuluykeun interprétasina yén lain kudu satuju kana pamadegan éta palaku, tapi kudu bisa ngajénan sarta ngahormat ka guru lantaran pagawéanna éstu teu énténg.

b. Fakta Carita 1 Galur

a Dumasar Runtuyan Waktu Dumasar kana runtuyan waktu, carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur majumérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka tungtung carita. Carita dimimitian ku gambaran watek emang Ki Ahmad anu pikasieuneun lantaran dianggap galak. Pikeun nguatkeun karakterna, galur maju ka mangsa anu leuwih nyata di imah emang Ki Ahmad. Ieu mangrupa bagian tengah dina carita, sakaligus munculna konflik antara emang Ki Ahmad, Husén anak emang Ki Ahmad, jeung Ki Ahmadna sorangan. Bagian tengah carita mangrupa galur anu pangpanjangna, lantaran miboga kalungguhan salaku inti carita. Di dieu, dicaritakeun Husén anu dibéré soal sina ngitung 8 x 17 ku bapana emang Ki Ahmad. Pangna ujug-ujug méré soal téh lantaran peunteun ngitung Husén di sakola ukur meunang tilu. Emang Ki Ahmad ngarasa bisa ngajar ngitung ka budakna. Tapi, dina bagian ahir carita dipungkas ku pamadegan Ki Ahmad anu nétélakeun yén pagawéan ngajar téh lain mangrupa pagawéan énténg. Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap. A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E b Dumasar Jumlah Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku emangna Ki Ahmad. Dina konflik ogé leuwih didominasi ku emangna Ki Ahmad tibatan ku Ki Ahmad. Nu maca diajak nuturkeun palaku emang Ki Ahmad ti mimiti, pasipatan, paripolah, pakasaban, jeung pamadegan-pamadeganna ngeunaan kahirupan sarta alam sabudeureunna. c Dumasar Kritéria Kepadatan Carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian anu aya hubunganna jeung emang Ki Ahmad salaku palaku utama. d Dumasar Eusi Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta emangna Ki Ahmad jeung Ki Ahmad. Sanajan aya palaku séjén nya éta Husén anakna emang Ki Ahmad, tapi angger tujuan dimunculkeunna pikeun ngarojong watek jeung jalan pikiran palaku utama.