5
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
61
03 a. Kuring meuli baju kamari ti pasar. b. Kamari kuring meuli baju ti pasar.
c. Kuring kamari meuli baju ti pasar. d. Kuring meuli baju ti pasar kamari.
Tina conto 03a-d jelas yén kecap téh cicingna bisa dipatukeurkeun, tangtu baé dumasar kaédah nu tangtu. Upamana
baé, antara caritaan meuli jeung udagan baju teu bisa diseselan ku kecap lian. Ku kituna, kalimah 04 di handap ieu teu bisa
ditarima nurutkeun kaédah tata basa ungrammatical.
04 Kuring meuli kamari baju ti pasar. Kecap-kecap anu aya dina leunjeuran kalimah miboga harti nu
tangtu, boh harti léksikal boh harti gramatikal. Harti léksikal nyaéta harti nu langsung nuduhkeun konsép nu tangtu tina hiji obyék,
ilaharna sok didaptar dina kamus. Ari harti gramatikal nyaéta harti anu muncul balukar tepungna unsur-unsur katatabasaan. Kecap
kuring, meuli, baju, kamari, jeung pasar, masing-masing boga harti léksikal. Ari kecap ti teu boga harti léksikal, tapi harti gramatikal
lantaran muncul sabada tepung jeung kecap pasar.
2. Kecap Asal dina Wangun Kecap
Minangka bagian kalimah pangleutikna, kecap miboga wangun atawa adegan nu tangtu. Ari wangun atawa adegan kecap téh mangrupa wujud
kecap disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas disebut kecap salancar, ari anu
diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan atawa kecap jembar. Kecap rékaan dina basa Sunda ilaharna sok diwincik jadi
kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan, jeung kecap wancahan. Prosés ngawangun kecap atawa tata wangun kecap
disebutna prosés morfémis atawa morfologis Sudaryat, Spk., 2013. Wangun kecap téh gurat badagna bisa dibagankeun kieu.
5
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
62
Bagan 5. 1 Wangun Kecap
WANGUN KECAP
Kecap Asal Kecap Rékaan
Kecap Kecap Kecap
Kecap Rundayan Rajékan Kantétan Wancahan
3. Ciri-ciri Kecap Asal
Kecap diwangun ku unsur-unsur anu disebut morfém, aya nu hiji morfém aya nu leuwih. Kecap nu diwangun ku hiji morfém disebut kecap
salancar, ari anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan. Kecap bisa sarua jeung morfém bisa henteu. Henteu kabéh
morfém mangrupa kecap. Ari sababna, anu disebut kecap mah ngan morfém bébas wungkul, nyaéta morfém anu bisa madeg mandiri dina
omongan atawa kalimah. Cindekna, kecap téh sarua jeung morfém bébas atawa unggal morfém bébas mangrupa kecap.
Tina katerangan di luhur bisa disebutkeun yén kecap asal atawa kecap salancar téh nyaéta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas, anu can
diréka atawa dijembaran, boh dirarangkénan jeung dirajék boh dikantétkeun. Ari nu dimaksud ku morfémna sorangan nyaéta wangun
basa pangleutikna nu ngandung harti. Contona ieu di handap.
05 budak bageur
indit ka
pasar
Kecap-kecap saperti budak, bageur, indit, ka, jeung pasar, masing- masing mangrupa kecap asal lantaran diwangun ku morfém bébas anu
can diréka atawa dijembaran, boh dirarangkénan atawa dirajék boh dikantétkeun jeung morfém séjén.