2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
29
Tina tabél 2.2 di luhur ébréh yén bahan ajar sastra Sunda di SMPMTs jumlahna aya 11 bahan ajar, anu ngawengku kaulinan barudak,
pangalaman pribadi, dongéng, sajak, pupujian, rumpaka kawih, guguritan, sisindiran, carpon, novel, jeung drama.
c. Bahan Ajar Sastra Sunda di SMASMKMAMAK
Bahan ajar sastra Sunda di SMASMKMAMAK ngawengku wangun jeung warna karya sastra, boh kagiatanana mangrupa aprésiasi sastra
boh mangrupa éksprési sastra. Ambahan bahan ajar sastra di SMASMKMAMAK bisa diilikan dina tabél ieu di handap.
Tabel 2. 4 Bahan Ajar Sastra Sunda di SMASMKMAMAK
KELAS X
XI XII
BiografiOtobiografi Rumpaka kawih
Wawacan Dongéng
Sajak Carita pantun
Carita wayang Mantra
Drama Carpon
Novel ---
Sisindiran ---
--- Tina tabél 2.3 di luhur ébréh yén bahan ajar sastra Sunda di
SMASMKMAMAK jumlahna aya 12 bahan ajar, anu ngawengku biografiotobiografi, dongéng, carita wayang, carpon, sisindiran, rumpaka
kawih, sajak, mantra, novel, wawacan, carita pantun, jeung drama.
Ambahan bahan ajar sastra Sunda di SDMI, SMPMTs, jeung SMASMKMAMAK bisa dibagankeun saperti ieu di handap.
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
30
Bagan 2. 1 Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda Karya Sastra Sunda
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy bandingkeun jeung raguman
bahan. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa diskusi jeung kancamitra
séjénna.
E. Latihan
1. Tétélakeun pangna sastra dianggap situasi gembleng tina karya seni 2. Tétélakeun bédana karya sastra prosa jeung puisi
3. Naon sababna pangajaran sastra kudu nyoko kana trisula: aprésiasi,
rekréasi, jeung ré-kréasi? 4. Kumaha ambahan bahan ajar sastra Sunda di SD, SMP, jeung SMA?
5. Tétélakeun perkara aprésiasi sastra jeung éksprési sastra dipatalikeun kana
kaparigelan basa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis
Puisi Prosa
Drama
Mantra Pupuh
Guguritan Pupujian
Kakawihan Rumpaka Kawih
Sisindiran Wawacan
Carita pantun Sajak
Carita Pangalaman Pribadi
Dongéng Carita wayang
Carpon Novel
Paguneman Purnadrama
Gending Karesmen