Kecap Tingkesan Kecap Singgetan

8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 111 c. Kecap Tangkesan Kecap tangkesan haplologinyaéta kecap wancahan anu diwangun ku cara ngaleungitkeun sora atawa engang nu ngaruntuy babarengan. Contona: dékah  déwék mah urangah  urang mah cekéng gé  ceuk aing ogé cenah  cek batur mah taktagé  nu matak ogé

d. Kecap Memet

Kecap memet réduksi nyaéta kecap wancahan anu diwangun ku cara nyokot engang penting tina kantétan kecap. Kecap memet nyaéta kecap nu asalna mangrupa kalimah omongan. Tina sawatara kecap nu penting dicokot saengang dua engang, tuluy dihijikeun. Contona: batagor  kadaharan anu dicampur tina baso jeung tahu digoréng comro  kadaharan anu oncom ti jerona géhu  kadaharan anu asalna tina togé jeung tahu kirata  dikira-kira sugan nyata misro  kadaharan anu amis ti jerona sukro  kadaharan anu suuk ti jerona

e. Kecap Sirnaan

Kecap sirnaan nyaéta kecap wancahan anu diwangun ku cara miceun sawatara foném tina kantétan kecap bari teu ngarobah harti. Aya tilu rupa kecap sirnaan, nyaéta sirnapurwa, sirnamadya, jeung sirnawekas. 1 Sirnapurwa Sirnapurwa aférésis, nyaéta kecap wancahan anu ngaleungitkeun fonem atawa engang mimiti tina hiji kecap. Contona: adyaksa  jaksa examen  samen umilu  milu 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 112 ksatria  satria 2 Sirnamadya Sirnamadya sinkope, nyaéta kecap wancahan anu ngaleungitkeun foném atawa engang tengah tina hiji kecap. Contona: niyata  nyata banderol  banrol émbér  émér sendal  senal officier  opsir 3 Sirnawekas Sirnawekas apokope nyaéta kecap wancahan anu ngaleungitkan foném atawa engang tungtung tina hiji kecap. Contona: benzine  béngsin experiment  ékspérimén présidént  présiden

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.