Tokoh Carita Galur Carita

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 137 5. Latar Carita Latar carita némbongkeun gambaran lumangsungna hiji kajadian. Latar tempat dina Wawacan Simbar Kancana nyaéta Karajaan Talaga, Karaton, Pendopo, Gunung Bitung, Gunung Cireméy, huma, leuweung, jeung Situ HiangTalaga Sanghiang. Latar waktu dina Wawacan Simbar Kancana nyoko kana waktu sapoé sapeuting, waktu lilana durasi, jeung sesebutan waktu séjénna. Latar kaayaan dina Wawacan Simbar Kancana nyaéta kaayaan haté nu keur bungah, sedih, ambek, ramé, jeung tiiseun. Pancén Pék baca cutatan Wawacan Sulanjana di luhur

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna. 1. Pék aprésiasi Wawacan Sulanjana tina jihat a téma, b palaku, c latar, d galur. jeung é amanat 2. Pék caritakeun deui eusi Wawacan Sulanjana dina basa lancaran PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 138

E. Latihan

Baca deui Wawacan Sulanjana di luhur 1. Saha ari Déwi Sri téh? 2. Naon sababna Déwi Sri sok disebut Déwi Paré? 3. Cimata Déwa Anta téh jadi naon? 4. Nyaritakeun naon ari Wawacan Simbar Kancana téh? 5. Kira-kira kumaha watek tokoh Radén Panglurah jeung Simbar Kancana?

F. Tingkesan

Wawacan kagolong kana sastra lagu, nyaéta karya sastra winangun puisi anu umumna dipidangkeun ku cara dilagukeun atawa dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan disebutna beluk, anu dina sastra Jawa disebut ―macopat‖. Ngahaleuangkeun wawacan mangrupa éksprési sastra anu raket patalina jeung komunikasi lisan, nyaéta nyarita palebah dieu kagiatan ―ngahaleuang‖, ari pamiarsa nyoko kana kagiatan ―ngaregepkeun‖. Jadi, midangkeun wawacan raket patalina jeung kagiatan komunikasi lisan ―nyarita‖ n gahaleuang jeung ngaregepkeun‖. Jadi, éksprési wawacan patali jeung aspék kaparigelan nyarita, ari aprésiasi wawacan rakit patalina jeung aspék kaparigelan ngaregepkeun. Ngahaleuangkeun wawacan disebutna beluk. Sabagian wawacan anu disusun ku pupuh ogé sok dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun pupuh téh sok disebut nembang. Aya rupa-rupa wanda tembang saperti tembang Cianjuran, tembang Ciawian, jeung tembang Cigawiran. Dina ngaaprésiasi wawacan ilaharna dimangpaatkeun unsur-unsur prosa fiksi saperti téma, palaku, latar, galur, puseur sawangan, gaya basa, jeung amanat. Jaba ti éta, sok dianalisis ogé masalah puisi pupuh saperti jumlah pada, guru gatra jumlah padalisan dina sapada, guru wilangan jumlah engang dina tiap padalisan, guru lagu sora tungtung dina tiap padalisan, jeung watek pupuh anu ngagambarkeun rupa-rupa kaayaaan atawa situasi