Sajarah Kamekaran Wawacan Pedaran Matéri 1. Watesan Wawacan

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 118 Pangaruh Mataram sacara politis di daérah Priangan ti kuartal kahiji abad ka-17. Ti harita, basa Jawa dipaké salaku basa dines dina pamaréntahan di Priangan jeung dipaké alat komunikasi antara Priangan jeung Mataram. Antukna sastra Jawa asup ka wewengkon kabupatén tur dipikaresep ku ménak. Lian ti éta, sumebarna agama Islam ka daérah-daérah Jawa Barat ngabalukarkeun wawacan asup ka pasantrén ngaliwatan para ulama JawaCirebon. Sumebarna tembang macapat di ulama Islam patali jeung tradisi sajarah Jawa dina periode Islam. Ieu katitén yén dina mangsa periode Islam, tembang macapat mangrupa salasahiji unsur budaya Jawa nu dijieun ku para wali. Nurutkeun Iskandarwassid 2003, mimiti mekarna wawacan dibawa ku para ulama di pasantrén-pasantrén jeung bupati sarta pamongpraja nu pernah diajar pupuh jeung basa Jawa. Ieu katitén tina lobana wawacan nu eusina mangrupa ajaran agama Islam jeung carita Islami boh saduran boh asli. Dina kamekaran saterusna, wawacan sumebar di para bangsawan jeung priyayi Sunda saperti bupati, demang, jeung pejabat agama Islam panghulu jeung Kalipah. Ékadjati dina Ruhaliah, 2013: 6 nétélakeun yén idéntitas nu nulis atawa nu nyusun naskah asalna ti kahirupan sosial nya éta wewengkon karatonpendopo, agama mandala, pasantrén, kaum, jeung wewengkon rahayat biasa tani, tokoh adat, duku, guru. Wawacan di wewengkon pendopo réréana ditylis ku aksara cacarakan, ari di wewengkon pasantrén lolobana maké aksara Pégon. Sanggeus dipikawanoh budaya maca jeung nulis aksara Latin di masarakat Sunda jeung ayana percetakan ku pamaréntahan Walanda, tuluy wawacan ditulis jeung dicetak dina aksara Latin. Wawacan sumebar dina abad ka-19 nepi abad ka-20. Wawacan nu mimiti dicetak nya éta Wawacan Raja Sudibja nu ditulis ku Muhammad Musa taun 1862 maké aksara Cacarakan. Di Bandung dicitak Wawacan Angling Darma karya R.A.A. Martanagara taun 1906. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 119 Nurutkeun Rosidi dina Ruhaliah, 2013:8, dina ahir abad ka-19 nepi abad ka-20 wawacan diangken salaku puncak cita-cita kasusastraan Sunda. Nu nulis wawacan ogé nambah réa lain ngan saukur di pasantrén jeung bangsawan wungkul, tapi ogé guru jeung pagawé pamaréndah. Dina taun 1864, Haji Hasan Mustapa lalajo tembang beluk salaku salasahiji kasenian nu dipagelarkeun dina acara manggul paré nu Dalem Garut Lubis dina Ruhaliah, 2013:8. Mekarna wawacan kaitung gancang sanggeus diajarkeun pupuh di sakola- sakola. Lian ti éta wawacan dipintonkeun ogé dina acara beluk, mamaca atawa gaok Majalengka nu dijadikeun media dina ngawanohkeun téks wawacan di masarakat. Dina mangsa Perang Dunia II nepi ka ayeuna, geus jarang aya nu nulis wawacan. Téks wawacan nu dibaca dina beluk biasana dipilih luyu jeung tujuan pagelaran. Wawacan nu didangdingkeun dina acara ngabagéakeun orok nu kakara babar biasana maké Wawacan Nabi Paras, Layang Séh Abdulkadir Jaélani. Wawacan nu didangdingkeun dina acara kawinan nya éta Wawacan Suryanala, Wawacan Danumay.

3. Fungsi Wawacan

Nurutkeun Ruhaliah 2013:62, fungsi wawacan aya dua nya éta fungsi wawacan salaku wangunna naskahna jeung fungsi wawacan salaku eusina caritana. Salaku wangun, fungsi wawacan kabagi jadi tilu, nya éta 1 salaku benda keramat nu dianggap suci, 2 papagon masarakat nu tangtu, jeung 3 wangun pangdeudeul karatonpendopo. Salaku carita, fungsi wawacan kabagi jadi opat, nya éta 1 alat légitimasi nu nyekel kakawasaan raja, bupati jeung turunanna, 2 papagon hirup di masarakat nu tangtu, 3 papagon pikeun mikawanoh silsilah kulawarga, jeung 3 némbongkeun pangaruh rajabupati jeung turunannana. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 120

4. Papasingan Wawacan

a. Wawacan Dumasar kana Sumber Tulisan 1 Wawacan Saduran

a Wawacan tina sastra Jawa Wawacan Golék Kancana, Wawacan Sumpena, Wawacan Sekar Taji, Wawacan Panjiwulung, Wawacan Jaka Sundang, Wawacan Bayawak, Wawacan Paku Alam, Wawacan Panji Kernengpati, Wawacan Candra Kirana, Wawacan Cuminalaya, Wawacan Rahwana, Wawacan Damarwulan, Wawacan Pua-pua Bermanasakti, Wawacan Bermana Alam, jeung Wawacan Gandamanah. b Wawacan tina sastra Arab jeung lalakon Islamisasi 1 Wawacan Babar Nabi, Wawacan Paras Adam, Babad Mekah, Sajarah Ambiya, Wawacan Paras nabi, Wawacan Abdullah, Carita kanjeng Nabi, Wawacan Patimah, jeung Wawacan Rawi Mulud. 2 Sajarah Lampahing Para Wali Kabéh, Sajarah Sunan Gunung Jati, Sajarah Para Olia, Babad Cirebon, jeung Wawacan Wali Sanga. 3 Wawacan Nusa Jaladri, Wawacan Samaun, Wawacan Nata Kusumah, Wawacan Budiman, Abdurrahman jeung Abdurrahim sumberna tina carita Seribu Satu MalamAlf Layla wa Layla, Wawacan Gandawerdaya, Wawacan Gandasari, Wawacan Amir Hamzah, Wawacan Gagak Lumayung, Babad Godog, Carita Sunan Rahmat, Wawacan Walangsungsang, jeung Wawacan Rarasantang. 4 Wawacan Amir Hamzah, Wawacan Lokayanti, Wawacan Umar Maya, Wawacan Bental Jemur, Wawacan Prabu Rara Dewi, Wawacan Seh Mardan, Wawacan Ahmad Muhamad, Wawacan Hasan Sodik, Wawacan Istambul, Wawacan Séh Abdul Kodir Jaélani, Wawacan Lukmanulhakim, Wawacan Rengganis, Wawacan Padmasari, jeung Wawacan Abunawas.