Tujuan Péta Kompeténsi Ambahan Matéri

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 2 saperti drama, gending karesmén, jsté. Salasahiji di antara éta warna karya sastra Sunda téh, nyaéta wawacan bakal dipedar dina ieu kagiatan diajar.

B. Tujuan

Ieu kagiatan diajar téh ditujulkeun pikeun mekelan pamilon guru dina mekarkeun kurikulum anu raket patalina jeung mata pelajaran basa jeung sastra Sunda, anu nyoko kana dua hal, nyaéta: a milih bahan ajar nu patali jeung pangalaman diajar tur tujuan pangajaran; b matéahkeun bahan ajar saluyu jeung pamarekan katut karakteristik siswa. Sacara husus unggal guru dipiharep mampuh dua hal, nyaéta: 1. Mekarkeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda kalawan rancagé kréatif, anu nyoko kana a milih bahan ajar saluyu jeung tahap kamekaran siswa; b ngolah bahan ajar kalawan rancagé saluyu jeung tahap kamekaran siswa. 2. Ngawasa bahan, adegan, konsép, jeung pola pikir paélmuan anu ngadeudeul mata pelajaran basa jeung sastra Sunda, anu nyoko kana a ngawasa kaédah basa; b nyangkem tiori jeung genre sastra; sarta c ngaprésiasi karya sastra. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 3

C. Péta Kompeténsi

Bagan 1. 1 Péta Kompetensi Kagiatan Diajar Guru Pembelajarn Basa Sunda Tahap E

D. Ambahan Matéri

Bahan anu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar Tahap E nyoko kana wengkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, kaédah basa wangun kecap, sarta tiori jeung génre sastra wawacan katut aprésiasina. Saluyu jeung ambahan éta bahan, pidanganana diwangun ku 10 Kagiatan Diajar saperti ieu di handap. Kagiatan Diajar I: Medar ambahan bahan ajar basa Sunda hakékat, gunana jeung kualitas bahan ajar, sistem basa Sunda, ambahan bahan ajar basa Sunda, bahan ajar dina kurikulum 10. Manggihan Unsur Intrinsik Wawacan 1. Nangtukeun Ambahan Bahan Ajar Basa Sunda 2. Nangtukeun Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda Kompeténsi Pédagogik: Mampuh nyangkem jeung mekarkeun bahan ajar basa jeung sastra Sunda . 3. Milih Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda 4. Ngolah Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda 6. Kecap Rundayan 7. Kecap Rajekan 5. Kecap Asal 9. Idéntifikasi Wangun Wawacan 8. Kecap Kantétan Mampuh nyangkem jeung ngaidéntifikasi wangun kecap, sarta aprésiasi unsur intrinsik wawacan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 Kagiatan Diajar II: Medar ambahan bahan ajar sastra Sunda wangenan, wangun karya sastra, pangajaran sastra, ambahan bahan ajar sastra. Kagiatan Diajar III: Medar cara milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda luyu jeung kaayaan siswa arah pangajaran, perluna nangtukeun bahan ajar, jeung perluna milih bahan ajar. Kagiatan Diajar IV: Medar cara ngolah bahan ajar basa jeung sastra Sunda tujuan nyusun bahan ajar, prinsip-prinsip nyusun bahan ajar, landasan nyusun bahan ajar, padika nyusun bahan ajar. Kagiatan Diajar V: Medar adegan kecap asal basa Sunda wangenan kecap jeung kecap asal, ciri kecap asal, watek kecap asal, pola kecap asal. Kagiatan Diajar VI: Medar kecap rundayan basa Sunda wangenan kecap rundayan, rupa-rupa rarangkén, fungsi rarangkén dina ngawangun kecap. Kagiatan Diajar VII: Medar kecap rajékan basa Sunda wangenan kecap rajékan, wangun kecap rajékan, fungsi ngarajék, jeung ma‘na ngarajék. Kagiatan Diajar VIII: Medar kecap kantétan jeung wancahan basa Sunda wangenan kecap kantétan jeung kecap wancahan, wangun kecap kantétan, warna kecap kantétan, fungsi kecap kantétan, harti kecap kantétan, wangun kecap wancahan. Kagiatan Diajar IX: Medar wangun jeung eusi wawacan wangenan wawacan, kamekaran wawacan, fungsi wawacan, wangun jeung eusi wawacan, sasmita pupuh dina wawacan. Kagiatan Diajar X: Medar kaparigelan basa dina wawacan patalna wawacan kana kaparigelan basa, aprésiasi jeung éksprési wawacan. I PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 5

E. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar