Prosa Wangun Lancaran Wangun Karya Sastra

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 25 Dumasar kana waktu gumelarna, aya prosa buhun jeung prosa modérn. Prosa buhun ngawengku dongéng jeung carita wayang. Ari prosa modéren ngawengku carita pondok carpon jeung novel.

c. Drama

Carita drama mangrupa karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama Isnendes, 2010:24. Karangan drama téh boga rupa- rupa ciri. Upama ditilik tina kalimah nu digunakeunana, drama gegedéna ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta kalimah nu dikedalkeun ku palaku. Dina drama anu palakuna leuwih ti saurang, paguneman téh mangrupa omongan palaku nu silih tempas. Dina drama aya tukang cacarita nu disebut juru catur narator. Tugas juru catur nerangkeun paripolah palaku, latar tempat jeung latar waktu nya éta katerangan-katerangan nu kudu dicangkem, boh ku sutradara boh ku palaku, upama éta karangan drama rék dipagelarkeun. Aya rupa-rupa carita drama. Dumasar kana waktuna, aya 1 drama heubeul klasik saperti longsér, uyeg, ubrug, dogér, topéng, sandiwara, pertunjukan ra’yat ronggéng, upacara; 2 drama semi-modéren tur dihaleuangkeun saperti dramaswara, gending karesmén, purnadrama, jemblungan; jeung 3 drama modéren nu dilakonkeun saperti galuran, drama, jeung téater Isnendes, 2010:24.

3. Pangajaran Sastra

Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan murid mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra Rusyana, 1982:6 —9. Tujuan pikeun meunang pangalaman sastra ngawengku a tujuan meunang pangalaman dina ngaprésiasi sastra jeung b tujuan meunang pangalaman dina ngéksprésikeun sastra. Tujuan pikeun meunang pangaweruh sastra ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Kritik sastra ngawengku analisis, interprétasi, dan peniléyan sastra. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 26 Tujuan pangalaman sastra bisa dihontal ku kagiatan aprésiasi jeung éksprési sastra. Éta dua kagiatan téh silih deudeul. Ku ngaliwatan éta kagiatan téh dipiharep murid bakal meunang pangalaman sastra. Satuluyna, murid dipiharep meunang citarasa ajén-inajén anu hadé jeung sikep kréatif. Aprésiasi sastra mangrupa kagiatan ngawanohkeun pangalaman hirup anu jero anu dikandung ku sastra, sarta aya hasrat katut méré jawaban. Dina pangajaran apresiasi sastra, murid dibere kasempatan pikeun mekarkeun apresiasina sorangan. Murid dikondisikeun kana lingkungan anu keuna, upamana, disadiakeun bahan sastra sangkan murid resep maca, didorong pikeun mikawanoh hasil sastra, ngadyakeun kontak ku jalan maca, tuluy ngararasakeun karya sastra. Ékspresi sastra mangrupa kagiatan kreatif dina nyastra saperti ngadongeng, cacarita, ngarang, deklamasi, maca éndah, jeung merankeun atawa ngaragakeun téks drama. Dina pangajaran éksprési sastra, murid dibéré kasempatan jeung dorongan pikeun ngedalkeun dirina maké basa. Murid kudu bisa nyusun cita jeung pangalamanana dina wangun anu keuna. Murid kudu bisa nyarita jeung ngarang anu hadé. Tujuan pangaweruh sastra ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Tujuan pangaweruh sastra raket patalina jeung tujuan pangalaman sastra. Miang tina pangalaman murid kana sastra, tuluy dibéré pangaweruh, nepi ka murid meunang wawasan ngeunaan pangalamanana. Upamana waé, pangaweruh ngeunaan wangun sastra, warna sastra, jeung adegan sastra. Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran sastra nyoko kana aprésiasi sastra, éksprési sastra, jeung pangaweruh sastra. Ceuk Wirajaya 2005:2-5, prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta a aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 re-kreasi. Apresiasi mangrupa ngararasakeun karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra.