Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 2

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 149 2. Prosa jeung puisi mangrupa wangun karya sastra anu béda. Prosa mangrupa wangun lancaran, basa nu dipakéna basa sapopoé, kalimahna ngaruntuy, henteu dipenggel-penggel mangrupa pada jeung padalisan. Ari puisi mangrupa wangun ugeran lantaran kauger ku wangun jeung diksina kayaning pilihan kecap, gabungan kecap, tur biasana rakitanana leubeut ku wirahma. 3. Prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta a aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 ré-kréasi. Aprésiasi mangrupa ngararasakeun hasil karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra. 4. Ambahan bahan ajar sastra Sunda ngawengku sajarah sastra, kaweruh sastra, aprésiasi sastra, jeung kritik sastra. Kabéhanana nyoko kana wangun karya sastra, anu ngawengku a puisi, saperti mantra, pupuh, guguritan, wawacan, pupujian, kakawihan, rumpaka kawih, sisindiran, sajak; b prosa, saperti dongéng, carita wayang, carpon, dongéng, novel; dan c drama, saperti purnadrama, gending karesmén. 5. Pangalaman sastra nyoko kana kagiatan aprésiasi sastra jeung éksprési sastra. Duanana raket patalina jeung kaparigelan basa. Aprésiasi sastra nyoko kana kaparigelan basa réséptif, nyaéta ngaregepkeun jeung maca. Ari éksprési sastra nyoko kana kaparigelan basa produktif, nyaéta nyarita jeung nulis.

C. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 3

1. Bahasa Sunda BS kaasup basa indung pikeun urang Sunda anu sakaligus jadi basa daérah pikeun masarakat Sunda. Kahirupan basa jeung sastra Sunda pohara gumantungna ka urang Sunda. Dina prakna basa Sunda dipaké, bakal ébréh ayana budaya masarakatna, nyaéta budaya Sunda. Kaayaan budaya Sunda pohara ditangtukeunana ku ayana urang Sunda jeung basa Sunda. 2. Fungsi jeung tujuan pangajaran basa jeung sastra Sunda raket patalina. Ari sababna, kalungguhan basa Sunda salaku basa daérah jeung sastra Sunda salaku sastra Nusantara bakal bisa dimumulé tur dimekarkeun lamun urang Sunda mibanda pangalaman, kaweruh, kaparigelan, tur sikep anu positif kana basa jeung sastra Sunda. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 150 3. Pangajaran basa Sunda kudu ditarékahan maké basa Sunda. Si sakola- sakola atawa daérah anu manggih bangbaluh maké panganteur basa Sunda bisa waé digunakeun basa Indonésia, boh sabagian boh sagemblengna. Sok sanajan kitu, kudu tetep dibarengan ku tarékah lalaunan maké basa Sunda. Di daérah-daérah anu mibanda basa wewengkon bisa dimangpaatkeun kecap-kecap wewengkon pikeun ngagancang- keun jeung ningkatkeun ajén pangajaran. 4. Sarat anu kudu dicumponan ku bahan ajar basa jeung sastra Sunda, di antarana waé, a ngawengku rupining aspék kahirupan; b ngadeudeul mata pelajaran séjén; c mibanda gunggungan, lengkep, tur gumulung; d bisa numuwuhkeun kandaga kecap murid; e bisa numuwuhkeun kawani murid dina kedaling dirina; jeung f sipatna kudu ngatik édukatif jeung ngabudaya kultural. 5. Bahan ajar basa jeung sastra Sunda kudu didadasaran ku sosial-budaya Sunda. Ari kritéria milihna kudu dumasar kana a tujuan nu hayang dihontal, b ajén-inajén pikeun kahirupan manusa, c ajén-inajén minangka warisan karuhun, d salasahiji paélmuan disiplin élmu, jeung e kasaluyuan jeung kabutuh katut minat murid. Aspék-aspék nu kudu dikandung ku bahan ajar basa jeung sastra Sunda, nyaéta fakta, konsép, prinsip, prosés, ajén-inajén, jeung kaparigelan.

D. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 4

1. Landasan paélmuan lantaran dina nyusun bahan ajar basa kudu niténan kaédah basa anu bener tur makéna basa anu merenah. Basa anu bener tur makéna basa anu merenah bakal ngalancarkeun prosés komunikasi. Basa Sunda anu bener nyoko kana kaédah basa saperti tatasora, tatabasa, kandaga kecap, tataharti, jeung pragmatik. Ari makéna basa anu merenah nyoko kana kaparigelan basa saperti nyarita, ngaregepkeun, maca, jeung nulis bari niténan kaédah basa. 2. Lamun prinsip spiral dipakaitkeun kana landasan pédagogik dina nyusun bahan ajar bakal ajar nu gumulung tur optimal. Ari sababna, bahan ajar diluyukeun kana tahap kamekaran kognitif atawa intelegénsi murid. Bahan ajar bakal miang tina bahan nu nembrak, deukeut, tur babari anu