Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
149
2. Prosa jeung puisi mangrupa wangun karya sastra anu béda. Prosa mangrupa wangun lancaran, basa nu dipakéna basa sapopoé, kalimahna
ngaruntuy, henteu dipenggel-penggel mangrupa pada jeung padalisan. Ari puisi mangrupa wangun ugeran lantaran kauger ku wangun jeung
diksina kayaning pilihan kecap, gabungan kecap, tur biasana rakitanana leubeut ku wirahma.
3. Prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta a aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 ré-kréasi. Aprésiasi mangrupa
ngararasakeun hasil karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra.
4. Ambahan bahan ajar sastra Sunda ngawengku sajarah sastra, kaweruh sastra, aprésiasi sastra, jeung kritik sastra. Kabéhanana nyoko kana
wangun karya sastra, anu ngawengku a puisi, saperti mantra, pupuh, guguritan, wawacan, pupujian, kakawihan, rumpaka kawih, sisindiran,
sajak; b prosa, saperti dongéng, carita wayang, carpon, dongéng, novel; dan c drama, saperti purnadrama, gending karesmén.
5. Pangalaman sastra nyoko kana kagiatan aprésiasi sastra jeung éksprési sastra. Duanana raket patalina jeung kaparigelan basa. Aprésiasi sastra
nyoko kana kaparigelan basa réséptif, nyaéta ngaregepkeun jeung maca. Ari éksprési sastra nyoko kana kaparigelan basa produktif, nyaéta nyarita
jeung nulis.