Prinsip Spiral Prinsip Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 45 b. Prinsip Miharti jeung Miguna Prinsip miharti museurkeunpanitén kana nyumponan dorongan pikeun murid sangkan daék tur bisa ngedalkeun pesen pikiran, gagasan, rasa, informasi, jeung kahayang ka nu lian, boh ku cara lisan boh ku cara tinulis.Bahan ajar kudu miharti meaningfullness pikeun mekarkeun poténsi jeung kaparigelan murid sarta luyu jeung pameredih didaktik métodik nu mutahir atawa modéren. Bahan ajar kudu disusun dumasar kana prinsip miguna keberfungsian. Bahan ajar kudu disusun kalawan 1 némbongkeun métodeu jeung téhnik pangajaran nu dipilih; 2 méré luang ka murid pikeun ilubiung dina peristiwa makéna basa nu sajembar-jembarna; 3 méré informasi, prakték, latihan, jeung pangalaman maké basa luyu jeung kabutuh murid; 4 nuyun murid dina makéna basa, lain ngawasa kaweruh basa; 5 ngamangpaatkeun rupa-rupa ragam basa dina peristiwa makéna basa; 6 ditujulkeun pikeun mekarkeun kaparigelan makéna basa; jeung 7 ngadorong kamampuh mikir atawa nalar katut karancagéan murid.

c. Prinsip Pakait kontékstual

Prinsip pakait kontékstual nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu 1 ditarékahan maké maké média jeung sumber diajar nu bisa méré pangalaman langsung ka murid pikeun diajar basa réséptif jeung produktif; 2 mangrupa fakta basa atawa peristiwa aktual anu bisa kapanggih ku murid atawa disayagikeun ku guru; 3 luyu jeung kabutuh maké basa murid, boh di jero kelas boh luareun kelas; 4 rinéka variatif, boh wujudna lisan atawatinulis boh dina ragam koran, majalah, radio, paguneman, rapat, jsté; 5 bisa ngababarikeun dina mekarkeun performansi komunikatif murid; jeung 6 mangrupa fakta basa anu dipidangkeun kalawan aya gunana atawa kapangih di sabudeureun murid di masarakat. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 46 d. Prinsip Tématis Prinsip tématis dilaksanakeun ku cara milih-milih bahan dumasar kana a téma, b bahan gembleng, c racikan rupining widang bahan, d sumaér fléksibel, é kamampuh dasar, sarta f karep minat jeung kabutuh siswa. Ari nu disebut téma téh nyaéta dasar atawa amanat utama caritaan. Téma bisa dimekarkeun jadi subtéma atawa anak téma, anu engkéna dimekarkeun deui jadi topik. Topik diheureutkeun deui jadi judul wacana. Dina Kompetensi Inti jeung Kompeténsi Dasar KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda 2013, téma dina pangajaran basa Sunda didadasaran ku téma nu aya dina Kurikulum Nasional. Éta téma-téma téh disebarkeun ka tiap kelas pikeun tatapakan dina mekarkeun bahan ajar. Sangkan leuwih jéntré, téma pangajaran téh bisa diilikan dina tabél ieu di handap. Tabel 4. 1 Téma jeung Alokasi Waktu Kelas I —III KELAS I KELAS II KELAS III TEMA WAKTU TEMA WAKTU TEMA WAKTU 1. Diri sorangan 4 Minggu 1. Hirup rukun 4 Minggu 1. Mikanyaah sasatoan jeung tutuwuhan di sabudeureun 3 Minggu 2. Karesep 4 Minggu 2. Kaulinan di sabudeureun 4 Minggu 2. Pangalaman nu pikaresepeun 3 Minggu 3. Kagiatan 4 Minggu 3. Pancén sapopoé 4 Minggu 3. Mikawanoh cuaca jeung musim 3 Minggu 4. Kulawarga 4 Minggu 4. Kuring jeung sakola 4 Minggu 4. Sabobot sapihanéan sabata sarimbagan 3 Minggu 5. Pangalaman 4 Minggu 5. Hirup beresih jeung séhat 4 Minggu 5. Kaulinan jeung olahraga 3 Minggu 6. Lingkungan Beresih, séhat jeung asri 4 Minggu 6. Cai, bumi, jeung panonpoé 4 Minggu 6. Sosobatan 3 Minggu 7. Barang, sasatoan, jeung tutuwuhan di sabudeureun 4 Minggu 7. Miara sasatoan jeung tutuwuhan 4 Minggu 7. Hayu urang ngirit énérgi pikeun pikahareupeun 3 Minggu