Kasang Tukang Modul BS E revisi yayat 3 mei l 2016 edit Budi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Bahan ajar téh kaasup salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran, lima komponén séjénna nyaéta tujuan pangajaran, kurikulum jeung bahan ajar, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, média jeung sumber diajar, sarta évaluasi pangajaran. Bahan ajar dina Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda gurat badagna ngawengku bahan ajar basa Sunda jeung bahan ajar sastra Sunda. Wengkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda téh kaitung lega ambahanana. Ku kituna, bahan ajar anu nyampak téh kudu dipilih, ditangtukeun, tur dipatéahkeun. Wengkuan bahan ajar basa Sunda nyoko kana kalungguhan jeung fungsi basa Sunda, adegan basa saperti sora basa, wangun kecap, warna kecap, kandaga kecap, jeung wangun kalimah. Salasahiji bahan ajar basa Sunda, nyaéta wangun kecap kaasup kana salasahiji pakakas kalimah alat sintaksis. Disebut kitu sotéh lantaran ku ayana wangun kecap, urang bisa ngabédakeun wangun jeung harti kalimah nu hiji tina kalimah séjénna. Upamana waé, bédana kalimah aktif jeung kalimah pasif ditangtukeun ku wangun kecap. Kalimah aktif diwangun ku caritaan nu mangrupa kecap pagawéan dirarangkénan hareup N- nasal, ari kalimah pasif diwangun ku caritaan nu mangrupa kecap pagawéan dirarangkénan hareup di-. Ku kituna, dina diajar basa Sunda, urang perlu weruh kana wangun kecap lantaran salah ngalarapkeun wangun kecap dina kalimah bisa salah harti. Ari wengkuan bahan ajar sastra Sunda nyoko kana wangun jeung warna karya sastra. Wangun karya sastra Sunda nyoko kana wangun lancaran prosa fiksi, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Disawang tina warnanana, aya 1 karya sastra wangun lancaran nu ngawengku dongéng, carita pondok, jeung novél; aya 2 karya sastra wangun ugeran nu ngawengku mantra, kakawihan, kawih, pupujian, sisindiran, guguritan, wawacan, jeung sajak; aya deui warna karya sastra campuran saperti carita pantun; sarta 3 karya sastra wangun guneman PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 2 saperti drama, gending karesmén, jsté. Salasahiji di antara éta warna karya sastra Sunda téh, nyaéta wawacan bakal dipedar dina ieu kagiatan diajar.

B. Tujuan