Padika Milih Bahan Ajar

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 39 Aya sababaraha kritéria dina milih bahan ajar, di antarana waé: 1 kudu dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, 2 mibanda ajén-inajén pikeun kahirupan manusa, 3 mibanda ajén-inajén minangka warisan karuhun, 4 gedé gunana pikeun ngawasa salasahiji paélmuan disiplin élmu, 5 kudu luyu jeung kabutuh katut minat murid Nasution, 1982:190-191. Mirip jeung pamadegan di luhur, Harjanto 2010:222-224 nétélakeun sababaraha kritéria dina milih bahan pangajaran, nyaéta: 1 dumasar kana tujuan instruksional; 2 Bahan pangajaran dijabarkeun; 3 Rélévan jeung kabutuh siswa; 4 Saluyu jeung kaayaan masarakat; 5 Bahan pangajaran ngandung ajén-ajén étika; 6 Bahan pangajaran disusun sistematis jeung logis; sarta 7 Bahan pangajaran sumberna tina buku nu baku, guru nu ahli, jeung masarakat. Supriadie dina Ruhimat 2011:152 nétélakeun yén eusi bahan pangajaran téh bisa dibagi-bagi jadi genep rupa, nyaéta: a. Fakta nyaéta hiji hal nu geus kajadian atawa kaalamandipigawé, bisa mangrupa objék atawa kaayaan ngeunaan hiji hal. b. Konséptiori nyaéta hiji ide atawa gagasan, hiji beungkeutan atawa sistem nu ngajéntrékeun sababaraha fakta. c. Prinsip nyaéta hiji aturankaidah pikeun ngalakukeun hiji hal, atawa dasar bebeneran salaku titik tolak pikeun mikir. d. Prosés nyaéta sababaraha gerakan, parobahan, atawa hiji caraprosedur pikeun ngalakukeun kagiatan sacara operasional. e. Ajén-inajén nilai nyaéta hiji pola, ukuran norma, atawa hiji tipemodél. Ieu téh pakait jeung pangaweruh ngeunaan bebeneran nu sifatna umum. f. Kaparigelan nyaéta hiji kamampuh pikeun ngalakukeun hiji hal, boh dina hal fisik boh dina méntalna. Kritéria milih bahan ajar anu ditepikeun di luhur sipatna masih umum kénéh. Tumali jeung milih bahan ajar basa, Burhan 1971:152 nétélakeun yén milih bahan ajar téh raket patalina jeung tilu hal, nyaéta 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 40 1 naon nu kudu diajarkeun, 2 sakumaha jumlah bahan ajarna, jeung 3 naon dasar milihna. Sanggeus dipilih, léngkah satuluyna nyaéta nangtukeun ambahan bahan ajar. Ambahan bahan ajar mangrupa sagemblengna matéri ajar jeung pangalaman guru anu bakal ditepikeun ka murid dina hiji widang studi atawa jejer pedaran Hamalik, 1981:115. Nangtukeun ambahan bahan ajar penting pikeun dipilampah lantaran bakal jadi tuturus keur guru sangkan bahan ajar nu geus dipilih tur diklarifikasi enya-enya bisa ditepikeun tur ditarima kalawan hadé ku murid. Guru diperedih sangkan parigel dina ngira-ngira jumlah bahan anu bakal diajarkeun dina alokasi waktu nu geus disayagikeun. Lamun geus nangtukeun ambahan bahan ajar, léngkah satuluyna nyaéta nangtukeun runtuyan bahan ajar. Nangtukeun runtuyan bahan ajar perlu dipilampah lantaran mustahil bisa nepikeun bahan ajar sakaligus dina waktu anu heureut. Ku kituna, guru kudu ngararancang ti awal kénéh kumaha runtuyan bahan ajar nu rék ditepikeun.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa diskusijeung kancamitra séjénna. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 41

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Kumaha urgénsina pangajaran basa jeung sastra Sunda? 2. Kumaha patalina fungsi jeung tujuan pangajaran basa jeung sastra Sunda? 3. Kumaha padika ngajarkeun basa jeung sastra Sunda di daérah Jawa Barat anu murid-muridna aya di lingkungan nu teu maké basa Sunda? 4. Sarat naon waé nu kudu dicumponan ku bahan ajar basa jeung sastra Sunda? 5. Kumaha carana milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda? Aspék- aspék naon waé nu kudu aya dina wengkuan bahan ajar?

F. Tingkesan

Bahan ajar dina hiji mata pelajaran atawa widang studi ditangtukeun dumasar kana kurikulum. Dina kurikulum diruntuykeun rupa-rupa bahan ajar nu kudu diajarkeun ku guru ka murid. Ku lantaran réa bahan ajar nu kudu diajarkeun, guru kudu parigel dina milih jeung milah bahan ajar. Bahan ajar digunakeun ku guru jeung murid dina prosés pangajaran. Ari pangajaran basa jeung sastra Sunda téh mibanda urgénsi, kalungguhan, jeung fungsi nu tangtu. Leungitna pangajaran basa jeung sastra Sunda bakal jadi mamala lantaran bakal leungit salasahiji warisan sosial-budaya Sunda nu pohara pentingna. Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana hésé babarina, kasaluyuan jeung kamekaran umur murid, lega heureutna bahan, heula pandeurina bahan, jeung cara nepikeunana. Sanggeus ditangtukeun, bahan ajar kudu dipilih dumasar kana 1 tujuan, 2 ajén-inajén pikeun kahirupan, 3 ajén- inajén warisan karhun, 4 salasahiji paélmuan, sarta 5 luyu jeung kabutuh katut minat murid.