Gunana jeung Kualitas Bahan Ajar

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 Bahan ajar anu alus kudu mibanda standar jeung kualitas nu tangtu. Ciri bahan ajar anu alus kualitasna, di antarana waé: 1 Mibanda puseur sawangan; 2 mibanda konsép nu écés; 3 mibanda kasaluyuan rélevansijeung kurikulum; 4 pikatajieun atawa mikat minat; 5 numuwuhkeun motivasi; 6 ngahudang stimulasi aktivitas; 7 Ilustratif; 8 komunikatif atawa babari dipikaharti; 9 ngadeudeul mata pelajaran séjén; 10 ngajénan bébédaan individu; jeung 11 ngamangpaatkeun ajén-inajén kahirupan Geene jeung Petty, 1971:545-548.

3. Ambahan Bahan Ajar Basa Sunda

Bahan ajar basa Sunda téh raket patalina jeung matéri lulugu pokok. Ari matéri poko mangrupa poko bahasan jeung subpoko bahasan tina kompeténsi dasar KD anu kudu dipimilik ku murid. Éta sababna, matéri pokok basa Sunda patali jeung bahan ajar, nyaéta bahan ulikan basa Sunda anu sakurang-kurangna kudu diulik ku murid pikeun ngawasa kompétensi dasar. Matéri poko basa raket patalina jeung kaweruh basa. Kaweruh basa nyoko kana konsép basa, nyaéta hal-hal anu patali jeung unsur basa katut kaédah basa. Diajarkeunana matéri poko kudu dipatalikeun kana kagiatan pangajaran makéna basa, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Eusi kamahéran basa nyoko kana téma kahirupan sosial budaya Sunda. Konsép basa anu bisa dijadikeun matéri poko téh gurat badagna ngawengku lima widang, nyaéta: a. Adegan sora basa: lafal, éjahan, engang; b. Adegan kecap: wangun kecap, warna kecap; c. Adegan kalimah: wangun kalimah, warna kalimah, fungsi kalimah, wanda kalimah; d. Kandaga kecap: warna harti, parobahan harti, tatali harti léksikal, kecap serepan, istilah, pakeman basa, gaya basa, tatakrama basa; e. Wacana: fiksi prosanarasi, puisi, drama; nonfiksi déskripsi, éksposisi, arguméntasi, pérsuasi; wacana nétral terjemahan, aksara Sunda. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 13 Pangajaran konsép atawa kaweruh basa diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna basa, kamahéran basa, atawa kaparigelan basa. Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari tatabasa adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék kamahéran basa. Kamahéran basa lisan jeung basa tulis diwujudkeun ku wacana, boh wacana lisan boh wacana tulis. Patalina antara kaweruh basa jeung kamahéran makéna basa bisa dipidangkeun dina tabél ieu di handap. Tabel 1. 1 Patalina Kaweruh Basa jeung Kamahéran Basa Médium Basa Kaparigelan Basa Wacana Kaédah Basa Lafal Ucapan Nyarita Wacana Lisan Tatabasa Kandaga Kecap Ngaregepkeun Ejaan Tulisan Maca Wacana Tulis Nulis Dina kurikulum ayeuna, boh SKKD Basa jeung Sastra Sunda2006 boh dina KIKDBasa jeung Sastra Sunda, konsép basa téh henteu jadi panitén utama, tapi ngan jadi bahan panambah dina raraga diajar makéna basa. Ku kituna, matéri poko basa diadumaniskeun kana opat aspék kaparigelan makéna basa, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Carana diseselkeun dina runtuyan indikator hontalan hasil diajar. Lamun dina kagiatan makéna basa Sunda muncul bangbaluh anu patali jeung aspék basa, nya dina kagiatan makéna basa ―wanci nu mustari, mangsa anu keuna, waktu anu naktu‖ pikeun medar jeung ngajéntrékeun konsép basa. Dina nepikeun bahan kudu dumasar kana tinimbangan 1 ambahan, 2 kagunaan praktis luyu jeung kabutuh murid, 3 kasaluyuan satempat bédana wangun basa jeung dialék, 4 kasaluyuan kamekaran jiwa murid umur, tahapan, jeung basa, sarta 5 alokasi waktu prinsip palamarta, bahan anu perlu meunang hancengan porsi anu saimbang tur luyu jeung waktuna.