Uji Balik jeung Lajuning Laku

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 43 KAGIATAN DIAJAR 4 NGOLAH BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA

A. Tujuan

Bahan ajar basa Sunda téh nyoko kana kaweruh basa jeung kaparigelan basa. Kaweruh basa ngawengku kaweruh kaédah basa tatasora, tata wangun kecap, tata kalimah, wacana, ari kaparigelan basa ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar IV, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun, nyaéta 1. Tujuan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 2. Prinsip-prinsip nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 3. Landasan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; sarta 4. Padika nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta nyusun raragabahan ajar basa Sunda saluyu jeung tahap kamampuh murid. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi opat, nyaéta: 1. ngajéntrékeun tujuan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 2. ngajéntrékeun prinsip-prinsip nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 3. ngajéntrékeun landasan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; sarta 4. ngajéntrékeun padika nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda.

C. Pedaran Matéri 1. Tujuan Nyusun Bahan Ajar

Sanggeus ditangtukeun tur dipilih, bahan ajar téh kudu disusun kalawan ngéntép seureuh sisitimatis. Aya sababaraha alesan disusunna bahan 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 44 ajar, di antarana wae, 1 ayana bahan ajar nu saluyu jeung pameredih kurikulum, 2 saluyuna antara bahan ajar jeung kabutuh murid, jeung 3 tungtutan ngaréngsékeun masalah diajar atawa bangbaluh diajar. Tujuan nyusun bahan ajar téh pikeun sababaraha kapentingan, nyaéta 1 nyayagikeun bahan ajar anu luyu jeung pameredih kurikulum jeung tinimbangan kabutuh murid atawa karakteristik sasaran; 2 mantuan murid dina nyungsi bahan ajar sajaba buku téks; jeung 3 ngagampangkeun guru dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran. Aya sawatara mangpaat disusunna bahan ajar, di antarana waé: 1 Ayana bahan ajar anu saluyu jeung pameredih kurikulum katut kabutuh murid; 2 Guru moal gumantung teuing kana buku téks; 3 Bahan ajar jadi beunghar lantaran disusun dumasar kana rupa-rupa acuan; 4 Nambahan kabeungharan kaweruh jeung pangalaman guru dina nulis; sarta 5 Bakal bisa ngawangun komunikasi nu éféktif antara guru jeung murid lantaran guru leuwih dipercaya ku muridna.

2. Prinsip Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Nurutkeun Sudaryat 2004:32-35, aya dalapan prinsip dina nyusun bahan ajar basa Sunda, nyaéta prinsip 1 spiral, 2 miharti jeung miguna, 3 pakait, 4 tématis, 5 komunikatif, 6 gumulung, 7 kaoténtikan, jeung 8 prinsip évaluatif.

a. Prinsip Spiral

Prinsip spiral dilaksanakeun ku cara nimbang-nimbang bahan dumasar kana hal-hal nu beuki undak, nyaéta: a ti nu deukeut ka nu jauh, b ti nu basajan ka nu ruwed, c ti nu heureut ka nu lega, d ti nu nembrak ka nu nyumput, é ti nu kauni ka nu nyamuni, f ti nu apal ka nu teu apal, g ti basa wewengkon kana basa lulugu, h ti régional ka nasional.