Prinsip Komunikatif Prinsip Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 48 f. Prinsip Gumulung Prinsip gumulung integratif museur kana nyusun bahankudu nyumponan tilu ciri, nyaéta 1 kudu ngukuhan gunggungan bahan; 2 meredih murid pikeun migawé jeung ngulik bahan kalawan malapah gedang; jeung 3 sacara fungsional, antarbagian bahan ajar kudu pakait kalawan dalit tur harmonis nepi ka kawangun bahan ajar nu miharti kalawan optimal. Prinsip gumulung integratif ngadumaniskeun rupining bahan a kaweruh basa adegan basa, kandaga kecap, b kaparigelan basa maca, nulis, nyarita, ngaregepkeun, sarta c kaparigelan sastra kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési. Pangajaran kaparigelan basa miboga dua sipat, nyaéta: 1 kaparigelan tunggal, nu mangrupa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis; 2 kaparigelan miganda, nu mangrupa campuran tina dua aspék atawa leuwih. Racikan atawa kombinasina bisa mangrupa i ngaregepkeun jeung nulis, ii ngaregepkeun jeung nyarita, iii maca jeung nulis, iv maca jeung nyarita, v nulis jeung maca, vi nulis jeung nyaritakeun, jeung vii nyarita jeung ngaragakeun. Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa diintegrasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar basa boh sastra duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa.Ieu prinsip nyaratkeun yén bahan ajar kudu dipidangkeun kalawan sinambung tur pakait jeung pangalaman diajar maké basa kalawan gumulung.

g. Prinsip Kaoténtikan

Prinsip kaoténtikan nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu1 mangrupa matéri latihan maké basa; 2 réa méré luang jeung kasempetan ka murid pikeun mekarkeun kaparigelan maké basa; 3 museurkeun panitén kana fungsi komunikatif basa dina pangajaran; 4 eusina mangrupa pituduh, latihan, jeung pancén-pancén bari ngamangpaatkeun média citakéléktronik saoptimal-optimalna; 5 dumasar kaba hasil analisis kabutuh maké basa murid; 6 ngandung 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 49 makéna unsur basa nu seléktif tur fungsional; sarta 7 ngadukung kawangunna pérformansi komunkatif murid nu andal.

h. Prinsip Évaluatif

Prinsip évaluatif atawa peniléyan nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu nyumponan sakurang-kurangna tilu sarat, nyaéta: ngagunakeun peniléyan nu bisa ngukur kalawan langsung kaparigelan maké basa murid sacara gembleng tur gumulung; ngadorong muridkalawan aktif pikeun latihanmaké basa lisan atawa tinulis, boh réséptif boh produktif; jeung miang tina tur ngahasilkeu wacana lisan atawa wacana tulis.

3. Landasan Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Dina nyusun bahan ajar tilu landasan utama nu kudu jadi tinimbangan, nyaéta a landasan paélmuan, b landasan pédagogik, jeung c landasan keterbacaan.

a. Landasan Paélmuan

Landasan paélmuan nuduhkeun yén bahan ajar kudu disusun luyu jeung élmuna. Landasan paélmuan bahan ajar basa nyaéta élmu basa linguistik. Bahan ajar basa kudu luyu jeung mibanda ajén- inajén bebeneran élmu basa. Tina jihat élmu basa, basa téh mibanda adegan jeung cara makéna. Adegan basa nyoko kana kaédah basa, nyaéta 1 tatasora fonologi; 2 tatabasa gramatika anu ngawengku tatakecap morfologi jeung tatakalimah sintaksis; 3 kandaga kecap léksikon. Adegan basa dipatalikeun kana harti semantik jeung kontéks situasi di dunya luar basa ku élmu nu disebut pragmatik. Ari makéna basa nyoko kana opat kaparigelan basa, nyaéta nyarita, ngaregepkeun, maca, jeung nulis. Disawang tina médiumna, kaparigelan nyarita jeung ngaregepkeun kaasup kana kaparigelan basa lisan; kaparigelan maca jeung nulis kaasup kana kaparigelan basa tulis. Disawang tina prosés komunikasina, kaparigelan nyarita jeung nulis kaasup kana kaparigelan basa produktif kréatif, ari