Sasmita Pupuh dina Wawacan

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 124 leungit sipat jelema tangtu manéh hanjakal geus boga alpukah julig bet sabalikna ngambang atina putri Dina padalisan panungtungna aya kecap ngambang . Éta téh mangrupa sasmita pupuh anu jadi tanda, yén pupuh sapandeurieunana geus lain Durma deui, tapi pupuh Maskumambang. Ieu di handap sasmita pupuh anu mindeng kapanggih dina wawacan. Tabel 9. 1 Sasmita Pupuh dina Wawacan No. Ngaran Pupuh Sasmita Pupuh 1 2 3 1. Asmarandana brangta, brangti, kingkin, asmara, kasmaran, darana 2. Balakbak balak, balakbak, melak 3. Dangdanggula artati, dangdang, gula, hartati, madu, manis, sarkara 4. Durma duraka, duratmaka, mundur, undur, kondur 5. Gambuh gambuh, ngagambuh, kambuh, kambuhan 6. Gurisa karasa, ngarasa, gurisa, mariksa, nyiksa 7. Jurudemung mung, namung, ngedémung 8. Kinanti kanti, kakantén, nganti, ngantét, manganti 9. Ladrang ladrang 10. Lambang lambang, perlambang 11. Magatru megat, pegat, duduk, truk, ketruk 12. Maskumambang kumambang, ngambang, kentir, bimbang 13. Mijil mijil, bijil, wijiling, kaluar, ingkah, jengkar 14. Pangkur mungkur, kapungkur, singkur, pungkur 15. Pucung jucung, pucung, mancung, kaluwak, kuncung, nyuncung 16. Sinom anom, nonoman, pangrawit, kembang gambir, gambir 17. Wirangrong diwiwirang, ngawiwirang, wirang, éra, kawiwirangan Sudaryat Spk., 2007

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 125 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Naon waé ciri-cirina karya sastra nu disebut wawacan téh? 2. Naon waé sumber carita anu dijieun wawacan dina sastra Sunda téh? 3. Naon sababna dina wawacan dina wangun ku rupa-rupa pupuh? 4. Naha wawacan asli sastra Sunda? Ti mimiti iraha gelarna wawacaan? 5. Keur naon gunana sasmita pupuh dina wawacan?

F. Tingkesan

Wawacan mangrupa karangan panjang anu disusun dina wangun pupuh. Pupuh anu dipakéna rupa-rupa luyu jeung gambaran unsur-unsur carita saperti palaku, latar, jeung galur carita. Ku kituna, eusi wawacan mah ngalalakon. Gelarna wawacan dina sastra Sunda mangrupa pangaruh sastra Jawa. Muncul waktu tatar Sunda kaereh ku Mataram Jawa. Wawacan biasana sok ditembangkeun babarengan. Pagelaran nembangkeun wawacan disebutna beluk atawa macapat. Karya wawacan anu gelar kaitung réa, di antarana, anu kawentar Wawacan Purnama Alam anggitan R. Soeriadireja jeung Wawacan Rengganis anggitan R. Abdussalam. Pupuh dina wawacana, jaba ti boga watek nu tangtu, oge boga sasmita. Sasmita pupuh nya éta kalimah atawa kekecapan pikeun pananda pupuh sapandeurieunana. Upamana, sasmita pupuh Asmarandana aya brangta, brangti, kingkin, asmara, kasmaran, jeung darana.