Prinsip Kaoténtikan Prinsip Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 49 makéna unsur basa nu seléktif tur fungsional; sarta 7 ngadukung kawangunna pérformansi komunkatif murid nu andal.

h. Prinsip Évaluatif

Prinsip évaluatif atawa peniléyan nuduhkeun yén nyusun bahan ajar kudu nyumponan sakurang-kurangna tilu sarat, nyaéta: ngagunakeun peniléyan nu bisa ngukur kalawan langsung kaparigelan maké basa murid sacara gembleng tur gumulung; ngadorong muridkalawan aktif pikeun latihanmaké basa lisan atawa tinulis, boh réséptif boh produktif; jeung miang tina tur ngahasilkeu wacana lisan atawa wacana tulis.

3. Landasan Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Dina nyusun bahan ajar tilu landasan utama nu kudu jadi tinimbangan, nyaéta a landasan paélmuan, b landasan pédagogik, jeung c landasan keterbacaan.

a. Landasan Paélmuan

Landasan paélmuan nuduhkeun yén bahan ajar kudu disusun luyu jeung élmuna. Landasan paélmuan bahan ajar basa nyaéta élmu basa linguistik. Bahan ajar basa kudu luyu jeung mibanda ajén- inajén bebeneran élmu basa. Tina jihat élmu basa, basa téh mibanda adegan jeung cara makéna. Adegan basa nyoko kana kaédah basa, nyaéta 1 tatasora fonologi; 2 tatabasa gramatika anu ngawengku tatakecap morfologi jeung tatakalimah sintaksis; 3 kandaga kecap léksikon. Adegan basa dipatalikeun kana harti semantik jeung kontéks situasi di dunya luar basa ku élmu nu disebut pragmatik. Ari makéna basa nyoko kana opat kaparigelan basa, nyaéta nyarita, ngaregepkeun, maca, jeung nulis. Disawang tina médiumna, kaparigelan nyarita jeung ngaregepkeun kaasup kana kaparigelan basa lisan; kaparigelan maca jeung nulis kaasup kana kaparigelan basa tulis. Disawang tina prosés komunikasina, kaparigelan nyarita jeung nulis kaasup kana kaparigelan basa produktif kréatif, ari 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 50 kaparigelan ngaregepkeun jeung maca kaasup kana kaparigean basa réséptif. Pangajaran basa jeung sastra Sunda miang tina tangtungan yén basa Sunda jadi pakakas komunikasi pikeun warga masarakatna. Komunikasi basa diwujudkeun ngaliwatan kagiatan maké basa lisan ngaregepkeun--nyarita jeung kagiatan maké basa tulis maca-- nulis. Ku kituna, pangajaran basa Sunda ditujulkeun pikeun ningkatkeun kaparigelan maké basa jeung pangalaman sastra sastra Sunda, kamampuh mikir jeung nalar, sarta kamampuh ngajembaran wawasan ngeunaan budaya Sunda, tur diarahkeun pikeun nyeukeutan rasa murid. Jaba ti éta, dipiharep murid lain ngan ukur parigel maké basa Sunda, pinter nalar, tapi sangkan peka jeung papada jalma, tur ngajénan kasang tukang kahirupan anu béda. Murid henteu ngan nyangkem informasi anu nembrak tur sinurat, tapi anu nyamuni. Murid henteu cukup ku ngarti, tapi bari jeung surti deuih Sudaryat, 2008. Sangkan murid mampu ngayakeun komunikasi, pangajaran basa Sunda ditujulkeun kanakagiatan pikeun mekelan murid parigel maké basa Sunda, boh maké basa lisan boh maké basa tulis. Murid dilatih leuwih réa maké basa ti batan kaweruh basa. Ari pangajaran sastra Sunda ditujulkeun sangkan murid meunang pangalaman aprésiasi jeung éksprési sastra, lain kaweruh sastra. Dina karya sastra kakandung pangalaman manusa, anu ngawengku pangalaman indrawi, rasa, hayal, jeung renungan, anu gumulung terpadu dina pangajaran basa, nu sacara gumulung diwujudkeun dina ngagunakeun basa, boh lisan boh tinulis. Ngaliwatan karya sastra murid diajak pikeun nyangkem, ngararasakeun, jeung neuleuman karya sastra. Ari kaweruh ngeunaan sastra dipaké pikeun ngadeudeul kagiatan aprésiasi karya sastra. Ku kituna, fungsi utama sastra ngalemesan budi, ningkatkeun kaseukeut, rasa kamanusiaan, jeung ngamasarakat, numuwuhkeun aprésiasi budaya, sarta