LatihanPancén Tingkesan Modul BS E revisi yayat 3 mei l 2016 edit Budi

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 126

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar XI. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui tur deres deui bahan dina kagiatan diajar X, pangpangna bahan nu can dicangkem. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 127 KAGIATAN DIAJAR 10 KAPARIGELAN BASA DINA WAWACAN

A. Tujuan

Wawacan mangrupa karya sastra wangun ugeran puisi. Wawacan kagolong kana sastra lagu lantaran cara midangkeunana dihaleuangkeun. Wawacan oge mangrupa puisi kauger. Tina ukuranana, wawacan kaasup karya sastra anu panjang. Ku lantaran sok dipidangkeun ku cara dihaleuangkeun, wawacan raket patalina jeung kaparigelan basa. Ayeuna Saderék bakal diajar perkara rumpaka kawih jeung wawacan patalina jeung kaparigelan basa. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar X, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun ngajéntrékeun 1. aspék-aspék kaparigelan basa; 2. patalina kaparigelan basa jeung sastra; 3. patalina wawacan kana kaparigelan basa; jeung 4. aprésiasi jeung éksprési wawacan.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu Kagiatan Diajar, nyaéta manggihan unsur-unsur intrinsik rumpaka kawih jeung wawacan patalina jeung kaparigelan basa. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi lima, nyaéta: 1. aspék-aspék kaparigelan basa; 2. patalina kaparigelan basa jeung sastra; 3. patalina rumpaka kawih jeung wawacan kana kaparigelan basa; 4. aprésiasi jeung ékspresi rumpaka kawih; jeung 5. aprésiasi jeung éksprési wawacan.