Padika Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 54 b pananya; c babaran kecap; d pedaran basa atawa sastra; jeung e aspék nyarita jeung aspék nulis. Runtuyan bahan ajar basa dipatalikeun jeung kagiatan pangajaran wacana pedaran bahasan dumasar kana Pamarekan Saintifik ébréh dina pidangan ieu di handap. 1. Niténan, anu ngawengku: a Maca téks wacana pedaran b Babaran kecap 2. Tumanya, anu ngawengku: a Tanya jawab b Sawala diskusi 3. Nalar, anu ngawengku: a Niténan deui bacaan b Ngarumuskeun eusi bacaan 4. Kedaling Ngomunikasikeun: a Nyarita 1 Nyaritakeun deui eusi bacaan 2 Ngaregepkeun nu cacarita 3 Méré tanggapan kana caritaan b Nulis 1 Nyusun rangkay karangan 2 Mekarkeun rangkay karangan jadi alinéa 3 Ngaruntuykeun alinéa jadi karangan lengkep

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 55 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung 5. raguman bahan ajar. 6. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Bahan ajar basa kudu niténan kaédah basa anu bener tur makéna anu merenah. Landasan naon nu kudu dipaké lamun rék nyusun bahan ajar basa samodél kitu? Naon sababna? 2. Kumaha lamun prinsip spiral dipakaitkeun kana landasan pedagogik? 3. Tétélakeun perkara keterbacaan matéri jeung keterbacaan basa dina bahan ajar basa jeung sastra Sunda? 4. Kumaha larapna prinsip gumulung integratif dina pangajaran basa jeung sastra Sunda? Pék contoan 5. Naon maksudna kamampuh kognitif murid SMPSMA kagolong kana mangsa adolence dina tahap formal operation?

F. Tingkesan

Tujuan nyusun bahan ajar pikeun nyadiakeun matéri ajar, mantuan murid nyungsi bahan ajar, jeung mantuan guru dina prosés ngajar. Dina nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda aya dalapan prinsip nu perlu dititénan, nyaéta 1 spiral, 2 prinsip miharti jeung miguna, 3 prinsip pakait, 4 prinsip tématis, 5 prinsip komunikatif, 6 prinsip gumulung, 7 prinsip kaoténtikan, jeung 8 prinsip évaluatif. Sangkan bahan ajar bisa gedé mangpaatna dina prosés pangajaran, bahan ajar basa jeung sastra Sunda kudu disusun dumasar kana tilu landasan, nyaéta a landasan paélmuan, b landasan pédagogik, jeung c landasan keterbacaan.